Hémpak ngajajar dariuk dina korsi nu dibulen ku lawon bodas, para mojang nu milu pasanggiri Ratu Kageulisan téh. Kuring diuk di jajaran kahji. Ngan tilu jajar kabéhna gé. Unggal jajar aya sapuluh korsi. Jadi nu hémpak téh aya tilupuluh urang. Cenah datangna ti unggal daérah. Kuring ngawakilan Kabupatén Kembang, nu sabenerna asup ka lelewek kota kénéh. Kakara pérén bieu téh bagian kahiji, nya éta leumpang ngagandeuang, di podium. Disaksian ku tujuh juri. Masing masing juri ngawakilan, sastrawan, budayawan, sejarawan, sarjana tari, sarjana karawitan, ahli kabaya jeung tokoh Sunda.
Tadina ngan Amah jeung Rama Kangjeng nu nyaluyuan kuring miluan ieu pasanggiri téh. Tapi dina émprona mah, teu burung Mamih, Papih jeung Tanteu Angrumi gé nyaksian. Geus tilu peuting kuring sabatur batur ngéndong di Hotél.
Paniis Ati, nu ayana di luhur pasir. Pernahna teu jauh ti kebon Rama Kangjeng.
Salila di ditu téh kuring saréréa nu milu pasanggiri diuji rupa rupa kabisa.
Hadéna kabéh gé kungsi kaalaman ku kuring mah. Juri Tari meunteun gerak tari nu basajan. Ukel jeung keupat. Teu ngawagu. Ngibing kungsi diajar di Uwa Rahadiningrat, tepi ka bisa Topeng, minangka panghéséna.
Ari mimitina mah pédah kuring ngadongéng ka Rama yén di bumi Mamih mah sok aya Dinner Party, sabulan sakali. Salian ti barangtuang téh, sok aya rupa rupa tarian. Ti mimiti dangsa tepi ka Tari Pergaulan. Saur Rama téh éta mah lain kasenian Sunda. Sok Agan mah diajar ka Uwa Rahadi, ngibing klasik. Nya kuring dilebetkeun ka paguron tari di Uwa Rahadi. Unggal poé saptu jeng Minggu dijajap ku Rama Kangjeng kana mobil. Tepi ka naék ka kelas genep, tarian téh geus kacekel kabéh. Eureun sotéh kuring geus asup SMA.
Sanajan ari ka ondangan mah sok diajakan ngibing, kaul, ku Uwa téh. Atuh kakawihan pan kungsi keur di SR, sok kaajakan waé kana panembrama. Malah kungsi jadi anggana sekarna. Basa Juri Karawitan ngetés bisa henteuna pupuh Sunda, kuring ogé lulus. Bisa pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Ibu Guru ngadidikna pupuh téh disingget jadi KSAD, saurna ngarah inget waé. Ari dongéng Sunda mah atuh kadaharan sapopoé. Boh tina dongéng Amah, méméh saré, boh maca sorangan.
Juri Sastrawan nanyakeun rupa rupa judul buku jeung singgetanana. Golontang waé kuring ngadongéng. Buku fiksi, Rusiah Nu Goréng Patut. Ari nu légénda mah, Sangkuriang jeung Ciung Wanara. Maké olohok éta juri téh. Lebah ngawanohan modél kabaya, geus dipapatahan ku Amah, saméméh gelar pasanggiri. Kabeneran Amah kenal jeung tokoh raksukan daérah, Tanteu Gumiwang. Puguh wé basa di-test ku juri Ahli Kabaya Daerah téh, teu sing rarampa. Basa di-tes ku budayawan ngeunaan sababaraha budi daya seni, teu hésé.
Eta mah kawasna kabéh gé nyaho. Aya seni lukis, seni patung, buku buku sastra,
jeung Wayang golék. Tokoh Sunda mah komo ngajak ngobrol wé. Lain gé nge-tes. Kawasna teu karasa ku kuring. Anjeunna nanyakeun cenah resep kana wayang golek. Kuring unggeuk. Terus kuring ditanggap, runtuyan kulawarga Pandawa saha waé. Saha ari Dewi Angraeni, saha ari Dorna. Ngarah teu kapalang ngajawab kuring nyaritakeun naon sababna aya perang Bratayuda. Olohok juri téh. Tapi kabéh Juri méméh nanya téh melong heula salila-lila.
Lebah test kanyaho ngeunaan geus maca buku naon tina sastra Sunda. Juri kalah olohok, basa kuring nyebut ampir tujuhpuluh lima buku. Lancar kabéh pertanyaan juri téh. Panganggeusan kuring dititah nyebutan ngaran wayang golek nu di jajarkeun dina luhur méja badag. Kabéh kajawab. Ayeuna peuting ieu panganggeusan. Saurang saurang kudu tampil maké kabaya Sunda. Saméméhna mah bébas maraké erok atawa calana panjang gé. Peuting ieu mah kudu sagalana nyunda, da Pasanggiri Kageulisan Wanoja Sunda.
Terus cenah aya nu milu aub. Nya éta perusahaan kabaya daerah. Rék méré hadiah ka nu dikabayana pangkéwesna. Jadi juarana téh Ratu Kageulisan jeung Ratu Kabaya. Bisa duaan nu meunangna téh. Saréréa gé degdegan. susuganan wé salah sahiji beunang ku kuring cék haté. Tapi cenah nu ngaran Ratu Kageulisan téh teu cukup ku geulis, tapi kudu nyaho sejarah Sunda, wanoh kana sastra Sunda, jeung tata titi kasundaan. Nu matak jurina gé loba. Engkéna cenah peunteunna dihijikeun. Nu panggedéna, éta nu meunang hadiah.
Kuring gé bisa miluan kana ieu pasanggiri téh duméh ngarasa ngalongkéwang. Keur genah genah kuliah, aya katangtuan pamaréntah, kudu eureun, kabéh paguron luhur ditutup. Aya gonjang ganjing pulitik harita téh. Jadi kuring gé ngaligeuh. Bari teuing iraha rék ditangtukeun arasup deui kuliah. Nu matak hayoh wé sagala dikeureuyeuh. Ku Rama Kangjeng dipangmeulikeun sédan bodas kaluaran panganyarna. Terus dikursuskeun ka tempat Kursus Mengemudi, nepi ka bisa. Jol aya béwara pasanggiri Ratu Kageulisan.
Uwa Rahadi nu ngusulkeun ka Rama Kangjeng sangkan kuring disina miluan. Maké éra sorangan. Na ngarasa geulis kitu Umyang téh? Cék haté. Aya éta gé umangkeuh geulis mah. Da loba eunteung di imah téh. Kuring bébéja heula ka Amah, ka Mamih jeung Papih. Ngan Amah nu satuju. Ari Tanteu Angrumi mah kumadinya cenah. Tapi Rama Kangjeng nyatujuan. Waktuna téréh, lima poé deui. Kuring diajak ka Rumah Busana Daerah. Tepung jeung nu bogana, Ibu Ayumanik. Ku anjeunna kuring diajar dikabaya Sunda.
Malah kabayana gé Rama téh mésér ti anjeunna. Hargana nu pangmahalna. Sanajan saur Ibu Ayumanik gé, baju naon gé mun kuring nu maké mah bakal kaciri alus pisan. Perbawa rupa, nu ukur sajeungkaleun, pangaruhna gedé pisan kana sagala. Terus diajakan ka Eyang Pamestri, bibina Rama Kangjeng. Kuring diajar kumaha tata titi urang Sunda dina nyuguhan tamu, dina calik mayunan pimitohaeun, jeung sagala tata titi adat Sunda. Pas piisukaneun pasanggiri, kuring kudu geus asup ka Hotél Paniis Ati,
Tilu poé dikurung di dinya, pikeun diuji. Mimiti silikenalkeun. Terus pembagian kamar. Sakamarna téh dua urangeun. Kuring kabagéan jeung Néng Sutarsinah, mojang urang Kabupatén ogé. Kacida pisan lungguhna éta mojang téh. Resep ngabandungan kawasna téh. Tapi lantaran kuring gé teu kaasup nu loba nyarita, jadina di kamar téh tiiseun wé. Tapi tadi basa rék ka panungtungan ngarasa rék papisah meureun, manéhna sasalaman. Terus ménta hampura bisi aya kasalahan. Cék kuring, puguh abdi nu nyuhunkeun hapunten.
“Umyang mah pasti juara,” pokna téh. Basa ditanya naha bet nyarita kitu.
“Atuda geulis pisan,” témbalna.
Sora gamelan dikebojirokeun. Kabéh dititah nangtung. Terus saurang saurang, ka luar ti jero, sup ka panggung. Saurang saurang kudu leumpang bari keupat. Gulak gilek sakeudeung, némbongkeun kabaya. Kuring kagiliran nu kaduapuluh hiji saluyu jeung nomer peserta. Na ari ger téh nu keprok, mani handaruan. Ras kana caritaan batur sakamar. Didédéngékeun, ka batur mah da teu kitu keprokna, biasa wé. Geus rajeg di luhur kabéh. Mimiti juri téh nyebutan sapuluh ngaran, nu geus kapeunteun pikeun sepuluh besar. Kuring kasebut.
Ger deui kadéngé nu keprok. Terus juri sastrawan ka luhur panggung. Anjeunna ngasongkeun patarosan ngeunaan hiji buku. Saha nu ngarangna. Kabeh dipapay. Kabeneran da kuring mah apal, langsung nyebutkeun ngaran pengarangna. Leres saurna. Terus anjeunna ngadongéng. Kakara satengahna gé geus kanyahoan. Eta tina dongéng klasik. Légénda Ciung Wanara. Kabéh nu di luhur téh jempé. Kagiliran kuring, langsung ngajawab. Anjeunna keprok. Leres cenah. Horéng nu bisa ngajawab téh ngan kuring wé sorangan. Nu séjén ngabigeu.
Terusna MC nyebut ngaran tilu urang peserta. Kuring kasebut deui. Ger deui kadenge nu keprok. Ayeuna mah, ceuli nu tiluan ditutup ku hadphone. Juri Budaya nu dihaturanan ka panggung. Saurang saurang ditanya. Tapi teu kadéngé ku nu séjén mah. Anjeunna naroskeun legenda nu jadi cirén hiji kota. Kuring nyebut Sangkuriang. Terus dipiwarang ngadongéngkeun singgetna éta carita. Geus kitu mah terus waé saréréa ngajajar. Ketua Juri dihaturanan maca pameunteun ahir ku MC. Ketua Juri téh ti Tokoh masrakat. Bapa Pamong Rahardianna, disarengan ku MC. Anjeunna nyebatan hasil pameunteun salila tilupoé.
“Di Hotel Paniis Ati kabéh geus digodog ku rupa rupa ujian jeung dipeunteun. Nu
panggedéna peunteun, éta nu meunang hak jadi Ratu Kageulisan Sunda. Juri prihatin, ku hasil testing. Horéng nu aranom téh seuseueurna geus teu wawuh jeung ka Sundaan,” saurna. Terus anjeunna nyebutan juara. Disebut téh nu juara katilu heula. Terus runner up, kakara juara. Kuring juarana téh. Mani asa rék runtuh éta gedong nu sakitu badagna téh, ku nu keprok. Kuring dikangkalungan kembang jeung ciri kajuaraan disolémpangkeun.
Asa hayang ceurik. Ras ka Amah, nu sok mindeng nyebutkeun Umyang téh geulis. Tapi teu cukup ku geulis, kedah pinter. Mun hoyong pinter, kedah seueur maca.
Ras ka Rama Kangjeng. Asa moal aya dua nu geulis siga Agan mah. Ras ka Mamih, acuk naon waé payus ka Umyang mah. Saur Rama Kangjeng, sok sing teuneung, basa asup ka ieu Gedong Kasenian. Cék batur sakamar, Umyang mah pasti juara. Enya kuring juara kageulisan. Ratu Kageulisan, Ratu Kabaya, diborong ku sorangan. Gusti nuhun.
Di luar nu limaan mani parebut hayang ngagabrug ka kuring. Tapi basa balik mah, Rama nu nungtun, sabada munjungan heula ka Amah, Papih Mamih jeung Tanteu Angrumi. Pileuleuyan mangsa rumaja. Isukan kuring mimiti dewasa.
(Lajengkeuneun)