Ti asar mula geus didangdanan ku Amah. Engké peuting aya pésta di bumi Tanteu Angrina. Ari nyaritana mah mestakeun Papih nu tos lekasan tugasna, sarta moal ngaprak deui ka nagri deungeun. Tapi ongkoh cenah disakaliguskeun jeung syukuran tepung taun pertikahan aranjeunna. Teu baha basa ku Amah dipiwarang dibaju nu pangalusna, pamasihan Mamih. Pajar ngarah bingaheun nu maparinna. Kuring nurut, dibaju téh nu warna kayas. Mangsa ayeuna mah disebutna téh pink. Buuk ditalian ka tukang maké pita sawarna jeung baju. Diwedakan ku Tanteu Angrumi. Terus dititah maké sapatu bodas jeung kaos kakina, sarua bodas, disisian warna kayas
Horéng lain wungkul Amah jeung rai-raina. Da ogé aya sepuh Papih, sareng dua raina. Di tengah imah geus kadéngé lagu Barat tina piringan hitam. Basa lampu tengah imah diganti ku nu leuwih redup, mimiti aya nu ka tarengah. Sémah awéwé jeung lalaki patangkeup-tangkeup, bari mundur maju, milu kana wirahma lagu. Malah Mamih jeung Papih gé sarua. Saur Amah éta téh dangsa. Tepi ka loba sémah, nu dangsa teu eureun. Ongkoh jul jol sémah réréncangan Papih jeung Mamih. Ampir kabéh marawa bungkusan. Harita mah can nyaho nu kitu téh ngaranna kado. Geus déwasa kakara nyaho téh.
Sabada ditampanan, babawaan sémah téh digundukkeun dina méja nu beunang mapaésan ku rumbé rumbé jeung sarupaning kembang. Teu wudu loba ogé. Kuring olohok. Kakara nénjo nu kitu. Tapi basa geus pukul salapan peuting, sémah téh baralik. Duka pédah geus dalahar meureun. Da taya nu nitah balik. Jeung mani sakali gus, brul waé baralik. Di tengah imah tinggal kuring, Amah, Mamih Papih jeung Tanteu Angrumi. Pembantu opatan cakal cikih mérésan urut dahar. Papih nyampeurkeun ka kuring. Ieu kitu bapa kuring téh. Ti Papih meureun kuring boga irung mancung, jeung buuk hideung téh.
Sanajan Mamih gé mancung, tapi tungtungna teu mancrit kawas Papih. Kuring dipangku, terus diciuman. Teu beurat beurateun, sakitu kuring téh da geus jangkung. Terus kuring diturunkeun. Gék diuk dina korasi. Ari Papih gék calik dina korsi gigreun. Dituturkeun ku Mamih. Ari Amah jeung Tanteu Angrumi mah angger wé dina korsina masing- masing. Papih téh neuteup ka kuring. Tuluy maranéhna nyararita, angger ku basa Walanda. Teu ngarti saeutik eutik acan. Ger sareuri. Katara Papih ngaleueut cihérang tina gelas jangkung, paragi nginum limun. Ari Tanteu Angrumi jeung Amah, sarua naruang kuéh bolu.
“Saha namina téh, Sayang?” Saur Papih ka kuring.
“Néng Umyang,” Amah nu ngawaler téh.
“Umyang? Naon éta téh hartosna?” Saur Papih.
“Konéng,” saur Mamih.
“Umyang naon?”
“Umyang wé,” saur Mamih deui.
“Ah so. Gadis cilik sakieu geulisna. Namina Umyang saja? Tambihan ku Papih Yelownita. Hartina gadis kuning langsat, ” saurna.
Sakitu kajadian peuting harita nu inget waé. Basa lulus ti SR, kuring katampa ka SMP Negri. Ngaran nu didaptarkeun ku Mamih téh Umyang Yelownita. Taya saurang gé nu ngageunggeureuhkeun kana ngaran kitu téh. Padahal kuring mah asa ningnang. Kalah aya nu nanya, cenah naha kuring téh aya darah Walanda? Seuri ngadéngéna gé. Apan kabéh gé urang Sunda. Amah sadérékna dua istri wungkul, urang Sunda. Eyang cenah teureuh Sunda asli, kitu deui Nini. Moal kitu Papih? Da teu kungsi dicaritakeun ibu rama Papih mah. Kuring gé ukur saminggu sakali ka bumi Mamih. Da haté teu bisa leupas ti Amah.
Malah kadang duaminggu sakali, kitu gé mun dipapagkeun diajakan piknik. meureun rada mindeng téh dua taun ti harita, basa Mamih ngababarkeun putra kembar. Sok diajakan ku Amah ngalayad Mamih. Sakapeung jeung Tanteu Angrumi. Nu matak asa teu conggah, boh ka Mamih boh ka Papih. Komo da geus kagungan putra mah, Mamih téh kacida sibukna. Sanajan loba pembantu, tapi Mamih ngajagaan putra, ku anjeun , bari ngurus perusahaan anu sakitu ageung na. Tepi ka hiji mangsa, teu ngahaja kuring nempo kartu keluarga.
Harita dibikeun ku Pa RT, ka imah. Cenah kartu nu anyar, da geus katambahan ku Si Kembar. Rada ngarandeg basa maca, satukangeun ngaran kuring aya aksara AT. Naon éta téh hartina. Kuring nanyakeun ka Amah. Anjeunna kalah carindakdak. Bangun teu wasaeun nyarios Amah téh. Kalah terus ngageroan Tanteu Angrumi. Kuring gé héran. Naha maké kitu. Naon atuh éta singgetan téh.
“Anak tiri AT téh,” saur Tanteu Angrumi, bari ngabalieur.
Teu nyarita deui, langsung ka kamar. Gebrug panto ditutup satakerna. Naon maksudna kolot téh maké méré tatarucingan ka kuring? Sabaraha héséna harita wé basa keur di gowok sebutkeun kuring téh lain anak Amah. Kuring téh anak Mamih, tapi lain ti Papih. Kakara kapikir, basa pésta téh cenah ngareuah reuah pertikahan aranjeunna nu kalima, cék Tanteu Angrumi. Harita mah teu jadi pikiran. Komo Tanteu Angrumi gé bangun teu kahaja nyariosna, kaburu jul jol semah. Pan kuring geus duabelas taun? Naha kakara kapikir ayeuna?
Jadi ari bapa kuring saha? Kadéngé panto diketrok ku Tanteu Angrumi, bari ngageroan ngaran kuring. Teu dipaliré. Keuheul atuda. Sok sebutkeun. Kuring téh anak jadah? Anak kukut? Anak meunang mulung? Maké kagok, cék haté. Alesan kuring leutik kénéh. Da geus ngarti kuring gé kana pancakaki mah, ti jaman keur di gowok ogé. Nganggap bodo kitu? Mani asa dicoo gado. Di luar kadéngé panto dikaletrokan, kawasna lain ku saurang. Malah aya pembantu anu noong tina jandéla kamar kuring.
Gancang hordéngna ditutupan kabéh. Teu lila nu tingkaletrok jempé. Kuring rada reuwas. Kumaha lamun Amah kapiuhan? Lalaunan kuring ngadeukeutan panto, terus ngadédéngékeun. Taya sora nanaon. Naha parindah kitu ka tepas hareup? Tapi teu lila kadéngé panto diketrokan deui. Sora Tanteu Angrumi, siligenti jeung sora Amah, ngageroan ngaran kuring, sorana leuleuy. Malah semu nyegruk. Boa Amah nangis meureunan. Haté kuring léah. Bray panto dibuka. Gabrug duanana ngarangkul. Malah Amah mah nangis mani ngagukguk. Nu tadina keur sakitu keuheulna, leuleus asa dipupul bayu. Anjeunna nyebut hampura Amah, hampura Amah, cenah. Nyariosna bari nangis, eueuriheun.
Kuring nu kudu ménta dihampura mah. Bakat ku nyaah, bakat ku sieun leungiteun kuring meureunan, matak sagala dirusiahkeun téh. Basa geus rada leuleuy, kuring ditungtun ka kamar Amah. Gék didiukkeun dina ranjang. Sok Tanteu Angrumi ngasongkeun gelas dieusi caihérang. Leguk diinum ku kuring. Kalawan anca Amah ngadongéngkeun rusiah hirup kuring. Sapeupeuting, nepi ka kuring jeung Tanteu Angrumi, ngéndong di kamar Amah.
Cenah sakitu welas taun ka tukang, Mamih téh nikah jeung hiji ménak anu beunghar, jenenganana Radén Kangjeng. Tapi éta pertikahan téh henteu didasaran ku cinta. Lantaran Mamih tos aya yuswa, teu kersaeun waé nikah. Margina tunanganana pupus kacilakaan. Kapaksa waé Mamih nampi lamaran Radén Kangjeng. Tapi da cinta mah hésé dicoba ditawarna, Mamih alim nipu dirina sorangan. Anjeunna teu neraskeun éta pertikahan. Nya ahirna papirak. Kuring dicandak ku Mamih, da Mamih kalah teu damang.
“Mamih téh teu damang. Tadina gé disangka moal katulungan, tapi Kersana Nu Maha Agung, damang deui. Umyang diasuh ku Amah. Basa Mamih walagri deui rék nyandak Umyang, Amah teu sanggem pisah. Nya jangji engké wé mun geus ageung jig candak ku Mamih, ” saur Amah mungkas dongéngna.
Kuring maksa ka Amah, hayang tepung jeung nu jadi bapa. Keun teuing teu kudu lami, asal jonghok wé. Basa Amah nyebatkeun engké urang badami heula jeung Mamih jeung Papih, urang ka ditu. Kuring nolak. Teu kudu ngabéjaan Mamih jeung Papih. Kuring mah asal nyaho wé. Pikeun ngayakinkeun yén diri téh lain anak teu bogaeun bapa. Amah jeung Tanteu Angrumi ngéléhan. Cék kuring, lamun aranjeunna teu keresaeun jajap, kuring rék kabur, néangan ku sorangan. Teu meunang dipersabenan deui. Isukan cék kuring hayang inditna titik. Dibaturan ku Mang Ujang nu nyupiran, kuring jeung Amah katut Tanteu Angrumi indit. Ampir sajajalan taya nu nyarita. Kawasna sarua pikiranana marojéngja.
(Lajengkeuneun)