Beuki katara sikep Shereen téh, enyaan sombong. Manéhna ngan daék wawuh ka anak nu baleunghar wungkul. Kuring gé kapilih, da meureun anak nu beunghar. Kacirieun unggal poé dijajap papag kana mobil ku Mang Ujang. Tapi da kuring mah teu tuman, reureujeungan jeung anak nu baleunghar, komo bari sombong mah. Batur kuring nu baréto, teu leuwih ti anak tukang béca, anak pemulung, anak tukang solsapatu jeung sajabana. Tapi da dina diri maranéhna kuring nimu kabisa anu hésé neangan di budak séjén.
Anu pangkacirina téh deuih, enyaan saurang gé taya nu wani ka Shereen téh. Lamun cék manéhna “A” saréréa moal aya nu wani nyempad. Tapi da kuring mah teu tuman kudu tunduk ka budak séjén. Biasa jadi pangdipikasérabna. Biasa pada mikaresep, jeung sok jadi panyalindungan. Ku pantar Shereen maké kudu sieun. Ras ka Néng Eha, nu disangka sombong, horéng teusingna. Kuring sieun salah sangka deui. Numatak teu wani waka nuding sombong ka manéhna gé. Tétéla teu sabaraha memenerna. Inget kénéh tepi ka ayeuna ogé.
Dina hiji poé di kelas aya guru Bahasa Indonésia nu anyar. Biasana Ibu nu tos pangsiun cenah. Kakara poé ieu anjeunna ngajar di kelas kuring. Anjeunna téh nyerat dina bor, hiji kalimah Basa Indonésia. Kieu unina téh. Sapi itu melenguh. Tapi di setripan, jadi mel- enguh.
“Ini betul tidak ?” Saurna.
“Shereen ?” Pokna ka Shereen.
“Betul Bu,” cék Shereen.
“Yang lain setuju?”
Katéntjo Shereen nangtung, bari ngarérét ka sakurilingeun kelas. Mani kaciri sarieuneunna téh. Maranéhna réang saur manuk nyebut setuju ka Shereen. Terus Bu Guru naros, bisi di antara murid murid téh aya nu teu satuju. Hartina nyebutkeun éta téh salah. Da harita téh keur diajar bab awalan, ahiran, jeung kecap asal. Lain pédah hayang ngéjék Shereen, kuring yakin éta téh salah. Ras kana cariosan Amah. Lamun ngarasa bener, ulah sieun ku nanaon. Lawan. Kuring yakin éta téh salah, terus ngacung.
“Abdi Umyang Bu, ”
“Ya, Umyang,” saur Bu Guru.
“Numutkeun abdi mah lepat,” cék kuring dina basa Indonésia.
“Alaah, batur nyebut bener, ieu salah. Hayang kapuji,” cék Shereen.
“Cobi terangkeun yén ieu téh salah,” saur Bu Guru, angger dina basa Indonésia. .
Kuring nerangkeun, yén éta téh kecap asalna “Lenguh”. Jeung euweuh awalan atawa ahiran “mel”. Aya gé me, di,” cék kuring.
“Jadi harusnya me-lenguh Bu. Kata asalnya lenguh diberi awalan me,” cék kuring. Ibu guru keprok, bari ngadeukeutan bangku kuring.
“Betul. Jadi di kelas ieu ngan saurang anu ngarti kana awalan jeung ahiran. Seratus buat kamu, Umyang.”
Enyaan wé. Teu sabaraha geuning. Ti harita Shereen téh henteu kumaki teuing. Komo beuki ka dieu, ku kuring sok dilawan baé. Malah barudak séjén gé mimiti narurut ka kuring, da maranéhna dihatéan.
“Teu kudu sieun, urang téh sarua diparaban kénéh ku kolot,” cék kuring.
Lila lila mah Shereen téh jadi bageur. Malah ka dituna mah sok bareng jajan jeung babaturan séjén anu teu mampuh. Lain ukur sakitu, katénjo sok daék méré ka babatutan nu teu boga. Kuring dialem ku saréréa. Sanajan unggal aya pasanggiri, kuring jeung Shereen teu weléh kapilih jadi nu miluan. Cenah mah pédah sarua geulis jeung ginding. Tapi nu meunang téh sok kuring waé.
Tapi da henteu kabeuli ku pamuji batur, teu matak jadi kabagjaan, pada mikaresep gé, da kuring kaganggu ku caritaan Tanteu Angrina. Harita téh kuring angger sok ceurik tengah peuting. Pasti diupahan ku Tanteu Angrina. Malah hiji peuting mah teu wungkul diupahan, tapi terus dibawa ka ruang tengah, diajak diuk dina korsi kulit. Kuring diupahan, bari diciuman.
“Umyang, da ayeuna mah tos ageung, nya. Umyang kedah uninga saha diri anjeun téh saenyana. Ulah reuwas, da Mamih nyarios kalawan leres. Mamih teu ngabohong. Engke ku Umyang tiasa ditaroskeun ka Amah kasauran Mamih. Sok dangukeun, nya Ulah nangis waé atuh.”
Mun enggeus mah dibéntar gelap, kitu meureun reuwasna. Kalawan rada dumareuda,Tanteu Angrina nyarita ka kuring. Cenah saenyana mah kuring téh putra anjeunna. Ngan harita téh anjeunna teu damang wales. Nya kuring diwiatkeun ka Amah, anu kakara nyaho éta téh rakana Mamih.
“Mamih teu téga nyandak Umyang basa Amah nangis. Saurna geus kacida nyaahna. Keun wé heula jeung Amah. Jaga lamun geus ageung mah pék candak deui. Engke lamun Angrina geus matuh di Indonesia. Da Mamih téh salami ieu mah pipindahan waé, ka unggal nagara, nuturkeun dines Papih.”
Kuring kalah beuki hayang ceurik. Amah anu sakitu lilana dianggap indung, kudu robah jadi Uwa? Ari ieu bibi kudu jadi indung. Mani hayang geura gok jeung Amah. Mun enya téa mah kitu, naha bet kudu ngabohong? Tapi kuring gé teu hayang jadi anak Mamih, sanajan beunghar gé. Da geus kacida betahna dikeukeupan di gowok. Jeung pan Amah téh pinter. Loba papatahna anu jadi cecekelan hirup kuring nepi ka jaga. Di antarana kuring kudu wani nyarita, kudu tanggung jawab kana sagala pagawéan. Kudu narima akibat tina hiji kalakuan.
Amah teu geura mulih atuh. Nu matak basa aya béja Amah tos salamet, kacida pisan bungahna. Ngan cenah kakara opat poé deui mulihna. Anjeunna kedah istirahat heula. Ari daging jadina mah tos dikaluarkeun. Tur sanes nu beurat, Hartina Amah bakal damang deui pisan. Mani asa sataun nungguan datangna opat poé téh. Hayang geura tepung, hayang geura cacarita. Sabot kitu, kuring gé asa jadi nyaah ka Tanteu Angrina téh. Mun téa mah anjeunna téh indung anu ngalahirkeun kuring, sarua bagjana jeung boga Amah. Tante Angrina sanajan geulis, beurat beunghar, taya ulat sombong, adigung.
Tapi basa Amah geus mulih, tur kuring diidinan balik ka bumi Tanteu Angrumi, bet jadi asa teu téga rék nanyakeun caritaan Tanteu Angrina téh. Kumaha lamun Amah nangis. Kumaha lamun Amah bendu ? Cenah meureun kasempetan Tanteu Angrina sabot anjeunna dioperasi, ngabolékérkeun kajadian nu sabenerna. Tapi da kudu nyaho atuh kuring téh. Saha indung bapa, saha anu ngalahirkeun, saha nu ngayuga. Sanajan ari dina émprona mah angger miindung téh ka Amah. Hésé atuda mindahkeun rasa anu sakitu taun lilana, jadi ka nu séjén. Teu kapangaruhan ku sipat nyamu, kaméwahan hirup jeung kérésékna duit anyar, keur jajan sapopoé. Aya kana sabulanna kakara kuring wani nanyakeun.
Eta gé pédah wé Tanteu Angrina cenah keur ka luar negri, mapagkeun carogéna nu tos bérés tugas di ditu. Amah keur calik wé. Da sanggeus sareng Tanteu Angrumi mah Amah diwagel icalan deui wedak. Atuda sagalana gé dipupujuhkeun ku Tanteu Angrumi. Kuring harita téh rada keketeyepan. Gék diuk dina sisi ranjang. Ku Amah diusapan tonggong téh. Gusti kudu kumaha abdi, cék haté. Sabenerna kuring hayang nyaho saha saenyana indung kuring. Tapi ngarasa teu téga ngaraheutan jelema anu salila ieu dianggap indung. Tapi bangun mafhum Amah téh ningali kuring rada élékéséng.
“Naon Néng?” Saurna.
“Mun Néng Umyang naros, Amah moal bendu?”
“Naha maké kedah bendu?” Pokna.
“Nyaan?” Cék kuring deui.
Geus rék pok, les deui kawani téh ngaleungit. Nu kacipta sieun gauk waé anjeunna nangis. Leuheung basa lamun terus ngangles, kumaha lamun enya kuring téh ukur anak kukut Amah? Nu tangtu saterusna bakal dirawatan ku Tanteu Angrina. Kumaha ieu haté. Da angger teu sanggup kudu papisah jeung Amah mah. Sanajan ditukeuran ku emas gumiwang, imah sigrong, mobil gilap, asa moal nandingan kabetah jeung kanyaah kuring ka Amah.
“Rék naros naon Enéng téh?” Saur Amah.
“Amah ari Enéng putra saha?” Sakitu nu sanggup kaluar tina biwir. Hayang ceurik sahing hingeun. Tapi basa nénjo pameunteu Amah teger, hate janglar deui.
“Teu percanten kitu Enéng téh putra Amah?” Anjeunna kalah naros.
Percanten. Da mémang kitu kahoyong mah, cék haté sotéh.
“Aya kitu nu nyebatkeun Enéng sanés putra Amah?” Saurna deui.
Teu némbalan. Sanajan hayang sapok-pokeun nyebut Tanteu Angrina.
“Kumaha cenah éta jalmi téh nyariosna? ”
“Muhun cenah Enéng téh diwiatkeun ka Amah, da Amah teu damang répot. Tapi basa rék nyandak deui, teu téga ningali Amah tos nyaaheun ka Enéng,” cék kuring, sanggeus aya memenitan teu sanggup nuluykeun nanya. Pédah wé nénjo Amah teger jeung gumujeng, jadi rada tatag sotéh nyarita. Da haté mah angger sesek. Kuring teu wani ningali pameunteu Amah.
“Saha éta nu nyarios téh?” Saur Amah, bari nyawél gado kuring. Kuring jempé.
“Tanteu Angrina?” Saur Amah deui. Kuring unggeuk.
“Lamun leres kitu, Enéng bakal ngalih bumina. Bakal hilap ka Amah?”
Gabrug kuring ngarangkul Amah. Karasa anjeunna gé kagagas. Sanajan diteger teger ogé, soantenna beuki peura. Pananganana terus ngusapan kuring.
“Alim Enéng mah alim,” cék kuring.
“Alim ngalih?” Saur Amah. Kuring unggeuk.
“Wayahna kedah nampi, Geulis. Muhun nu dicarioskeun ku Tanteu Angrina téh.
Amah ngaraos moal lami deui gé kolot, teu walakaya. Néng Umyang kedah terus maju. Pasti ku Tanteu Angrina mah disakolakeun, dimulyakeun, nya.”
“Enéng mah hoyong jeung Amah,” cék kuring.
“Muhun wios sareng Amah gé, tapi kedah uninga, indung nu ngakandung jeung ngalahirkeun mah sanés Amah, tapi Mamih. Mamih gé dipiwarang ku Amah ngawartosan Enéng. Da sugan téh rék pileuleuyan, basa dioperasi téh.”
Peuting harita kuring tipepereket nangkeup Amah, dina ranjang. Sanajan tepi ka tengah peuting teu bisa peureum. Basa Amah katingali tibra, kuring neuteup pameunteuna. Gusti, kedah kumaha abdi. Da tos nyaah asa ka indung téh ka Amah. Jadi meureun Mamih jeung Papih téh indung bapa kuring. Paingan basa baréto mun narima peresénan keur budak yatim téh diwagel ku Amah. Pan baheula téh ngalamun hayang jadi anak nu beunghar. Naha geuning teu bungah Pan indung bapa kuring téh jelema pangkat, jelema beunghar. Kalah sedih geuningan, kalah nalangsa. Basa jam gedé nu aya di tengah imah kadéngé ngo lonang duabelas kali, kuring nyileuk kénéh waé.
(Lajengkeuneun)