Méh baé kabesékan basa kuring neureuy susu coklat, sacangkir leutik. Asa nincak asa henteu suku kana téhel hérang ngagenclang. Imah gedong nu Tanteu Angrumi téh enyaan pikabetaheun. Eukeur mah alus, katurug turug pinter pasang petana. Ti buruan kénéh, panon geus diogo ku téténjoan asri. Tatangkalan kembang ngurilingan jukut ngémploh héjo di tengahna. Aya fontén leutik, tapi caina gedé ngagolontor, bijil tina liang sungut lalaukan nu dilahun ku patung enon. Harita mah keur leutik teu apal kana ngaran ngaran kembang téh. Tapi inget kénéh, aya kembang eros, hébras, malati jeung campaka. Warna warni nyanding patamanan leutik di juruna.
Mani nyiuman Tanteu Angrumi téh ka kuring. Malah muji ka Amah, bisaan cenah ngurus budak téh. Si Angrina gé geura moal teu panglingeun. Kuring rada ngarénjag, ngadéngé kekecapan Tanteu Angrumi. Naha maké pangling? Hartina kungsi nénjo kuring saméméhna. Tapi saha Angrina téh. Geus dua kali disebut ngaran na, tadi ku Mang Ujang supirna. Tapi kuring ukur ngahuleng wé. Sababaraha kali ditawaran kuéh, tapi can ngarasa kabita. Bet ku nginum susu coklat gé asa ngadadak sebel. Tuman nu diinum téh bajigur. Aya gé susu bubuk, dibagi ti sakola.
“Ajakan ka kamarna atuh Seus,” cék Tanteu Angrumi ka Amah. Kuring cengkat, ditungtun ku Amah, dibawa ka kamar tukang.
Geus hélok deui waé. Atuda tempat saré téh dina ranjang antik, sakurilingna dipasangan kulambu bodas nyacas. Pantesna téh kasurna gé hipu. Moal kawas di gowok kuring. Kamar téh kaitung gedé. Di jerona aya lomari nu napel kana témbok. Lomarina gé gedé jeung alus deuih. Dina tempat saré aya bantal numpuk jeung gugulingna. Ari simbutna ditilepan di tungtung ranjang. Hareupeun ran jang aya korsi panjang, modél antik deuih. Di juru aya korsi hiji, gigireunana aya paranti dangdan. Dressoir, cenah ngaranna téh. Kuring nyobaan diuk dina korsina. Rét kana kaca, enyaan geuning kuring téh geulis.
Da digowok mah ngaca téh dina eunteung sasemplék. Jaba poék teu katara nanaon. Rék nyebut geulis kumaha. Komo bari irung pinuh ku méhong, tapak lampu mun listrik pareum. Basa kadéngé aya awéwé ngajerit, kuring rancingeus. Geuwat ka luar. Aya awéwé geulis jeung ginding nangtung deukeut lawang. Manéhna lumpat muru kuring. Gabrug téh ngarangkul, terus ceurik dina taktak kuring. Manéhna nyiuman kana pipi kénca katuhu. Amah jeung Tanteu olohok narénjokeun. Kuring ukur cicing. Teu walakaya dipangku, diciuman ogé.
“Umyaaang, oh My God, so beautiful,” pokna. Kuring hudang, terus dilahun, basa manéhna diuk dina korsi kulit di ruang tamu. Amah jeung Tanteu Angrumi ogé sarua diuk dina korsi nu papahareup jeung nu anyar datang téa. Hanjakal, kuring teu ngarti obrolan maranéhna, da ku basa Walanda. Ngan Amah bangun ambek basa keur paréa réa omong téh. Sabot kitu kuring neuteup nu anyar datang. Asa sarimbag jeung mojang leutik nu tadi katénjo dina kaca eunteung.
“Umyang rék bobo di Mamih?” Cék manéhna. Kuring gideug.
“Sareng Amah?” Cék kuring, nanya deui.
“Oké sareng Amah gé,” témbalna.
Sapopoé éta nu tiluan téh ngarobrol, tingcakakak tingcikikik. Dahar bareng ngariung. Geus salat lohor, terus ngobrol deui. Tepi ka balikna bada asar, kuring henteu leupas tina leungeun Tanteu Angrina téa. Malah basa balik mah nyiuman jeung nyekel tipepereket. Pasosoré, méméh magrib kuring mandi. Aya pembantu dibaju bodas bodas nuyun kuring ka kamar mandi. Horéng aya bathcafe di jero téh. Cenah bisi kuring rék ngeueum, caina geus dikecrotan minyak wangi jeung kembang malati. Alah asa dina dongéng Amah. Lamun putri mandi teh nguyang dina nu kieu. Terus geus mandi kuring didangdanan maké piyama tina lawon sutra. Asa jadi putri, kakara sabaraha jam gé di dieu téh.
Tapi kabungahan téh ngan sakédét nétra. Da minggu hareupna kuring digeroan ku Tanteu Angrumi jeung Amah. Mani asa didudut jajantung mun enggeus mah. Di tepas hareup, anjeunna nyarita mani areut-at. Pegat pegat nyaritana teh. Cenah Amah katarajang daging jadi dina rahimna. Di urang tacan pati loba anu dioperasi panyakit kitu. Tanteu Angrumi rék nyandak Amah ka Walanda, pikeun operasina. Kuring wayahna cenah cicing heula di bumi Tanteu Angrina. Lain deui ceurikna kuring ngadéngé kitu téh. Tempat saré nu siga kaputrén téh teu karasa éndahna. Genah kénéh di gowok dikeukeupan ku Amah.
Komo basa isukna nénjokeun Amah jeung Tanteu Angrumi miang kana mobil. Haté teu puguh rasa. Mangsa harita mah kecap operasi téh sarua jeung maot. Boa moal tepung deui kuring jeung Amah. Bari sumegruk kuring nurut basa ditungun ku Tanteu Angrina. Sirah diusapan. Kuring langsung dibawa ka bumina Tanteu Angrina. Teu éléh gedong bumina gé. Malah di dieu mah maké loténg. Kuring diajakan ka tengah imah. Teu lila Tanteu Angrina mawa tas sakola anyar kénéh. Terus sababaraha hiji buku tulis jeung pulpén, aralus naker. Malah sakalian kuring dititah ngajaran baju alus, sakalian di kamar.
Ayeuna mah sorangan saré téh. Kamarna lega jeung garenah. Tempat saréna henteu dikulambuan, tapi sarua maké kai ka luhur, ieu mah teu dikulambuan ukur saeutik, dikulawitkeun wéh kana tihang paranti masang kulambu. Di kamar téh geus aya radio leutik, mérk Erres. Kuring ukur nempo. Mun seug jeung Amah resep teuing ngadangukeun radio. Iraha atuh anggeusna operasi Amah téh. Ku hayang milu, tapi da tangtu dicarék. Lantaran isukan kuring kudu ngamimitian sakola. Heug sakola anyar nu teuing kawas kumaha kaayaanana. Boh sakolaanana, boh murid-muridna kudu ditaliti heula ku haté jeung panénjo.
Beuki teu pararuguh pikiran téh, basa isukna kuring dijajapkeun ka sakola ku Mang Ujang kana mobil. Asa aréra. Tuman leumpang ka sakola bareng jeung Amah. Sakapeung mah horéam horéam acan disapatu. Kakara geus di kelas wé dipaké téh. Di jalan mah sapatu téh dijingjing wé. Atuda genah kénéh teu disapatu. Di imah gé sok dicarékan ku Amah, lamun leupas tina sendal téh. Datang ka sakola kasampak geus loba murid. Kuring dianteurkeun ku Mang Ujang ka lebah riungan barudak awéwé. Saliwat gé kaciri maranéhna téh garinding.
“Ndén Umyang engké dijemput ku Mang Ujang Nya. antosan,” cék Mang Ujang.
Kuring ukur unggeuk. Terus Mang Ujang nuduhkeun di mana engké kuring kudu ngadagoan manéhna bisi can datang ngajemput. Léos Mang Ujang, budak awéwé nu dibaju beureum boléces bodas, nyampeurkeun. Sugan téh rék nanya, ari pék teusingna. Kalah nénjo ti luhur ka handap ngawas-ngawas. Kuring ngasongkeun leungeun wé ngajak sasalaman, rumasa budak anyar, kudu ngenalkeun ka maranéhna. Bari rada baeud, manéhna nampa leungeun kuring, terus nikukur.
“Shereen, dobel E,” pokna.
“Umyang,” cék kuring
Na ari barakatak téh seuri, najan kaciri terusna ditahan. Kitu deui babaturanana tadi ngarariung, nyeungseurikeun ngaran kuring meureun. Nu saurang mah ngaharéwos ka baturna, tapi haréwos bojong, da kadéngé nyebutkeun geulis geulis ngaranna Umyang, deukeut deukeut kana kumang cenah.
“Bener ngaran kamu Umyang?” Cék Shereen.
“Enya,” cék kuring bari seuri. Saumurna tara aya nu ngahina ka kuring mah.
“Naon hartina éta téh ?”
“Umyang téh konéng.”
Lebah peuntaseun tempat maranéhna ngariung, kuring nénjo sabubuhan budak awéwé. Tangtuna gé sarua sakola di dieu. Kuring nyampeurkeun ka maranéhna, deukeut tangkal camara. Aya sababaraha urang keur dariuk dina bangku. Sakitu deukeut warung taya nu jajan. Kuring nyaho ngaran budak téh Samih, sanggeus silikenalkeun. Nu séjénna, Unir, Aidah, jeung Lingling.
“Urang jajan yu,” cék kuring. Maranéhna kalah silirérét. Basa saréréa diajakan ka warung, katénjo bangun bungah. Ku kuring dititah milih. Hayang kurupuk sambel, atawa bangkuang dikucuran gula kinca.
Ti maranéhna kuring meunang katerangan yén Shereen téh anak nu beunghar, reureujeunganana jeung anak nu beunghar deui. Ari Samih mah jeung papada budak anak nu teu boga. Cenah taya nu wani ngalawan ka Shereen mah. Aya rasa nu ngagolak. Ras kuring ka Neng Shea. Ayeuna kuring cicing di imah gedong. Dulur Amah geuning baleunghar. Nyebut ngaranna kudu maké Tanteu. Padahal cék Amah gé apan urang Sunda gé boga sesebutan, Bibi, Uwa. Tapi geuning Amah gé henteu nyarék kuring nyebut Tanteu.
Basa bél disada, kuring asup. Horéng Shereen téh sabangku jeung kuring. Padahal haté mah embung sabangku jeung manéhna téh. Sieun disamarutkeun jadi budak sombong. Untung tadi wawawuhan heula. Gigireun kuring aya Samih sabangku jeung Penda, budak lalaki. Cenah Penda dihukum, lantaran kamari bangor, nya disabangkukeun jeung awéwé.
“Umyang, ulah reureujeungan jeung Sumih. Barau,” cék Shereen. Teu ditémbalan teu dipaliré. Teu sudi teuing reureujeungan jeung budak sarombong, cék haté.
Hadéna poé éta mah ukur kekenalan. Da terus bél disada. Murid murid meunang balik. Kuring reuwas. Kumaha, heug Mang Ujang can ngajemput. Tapi basa ka luar, manéhna geus aya. Na nyaho ti mana yén kuring bébas? Tapi teu hayang tatanya, terus waé diuk dina jok tukang. Tepi ka imah kuring terus salin ku baju paragi di imah. Sapatu dibuka, terus kudu ngumbah suku. Kitu geuning aturanana di imah ieu mah. Da kuring mah biasa bébas.
Peutingna kuring teu bisa saré. Raray Amah terus ngalangkang dina ingetan. Kuring ngadoa mundut ka Gusti Allah, sangkan Amah didamangkeun. Tapi lila lila mah teu kuat, kuring ceurik basa nyipta Amah pupus. Ditahan sakeudeung basa kadéngé panto muka. Tanteu Angrina nu asup téh. Anjeunna reuwaseun nénjo kuring ceurik. Kuring dihudangkeun terus diusapan bari awak disangkéh. Ditanya ku naon ceurik. Kuring balaka inget ka Amah, Sieun Amah pupus. Meu reun kuring teu boga indung bapa, pahatu lalis.
“Pan aya Mamih,” cék Tanteu Angrina.
Ngan haté nu nyarita, pan anjeun mah ukur bibi. Ari indung bapa abdi mah meureun geus teu aya, mun Amah pupus téh. Tulus meureun jadi pahatu lalis téh
Sapeuting kuring dibaturan ku Mamih. Tepi ka lesna saré, teu kanyahoan anjeunna kaluar. Ngan basa isuk isuk kuring dihudangkeun rék sakola.
“Laaah putra Mamih geus gugah,” pokna. Maké gegebegan. Boa kuring téh rek dikukut ku Tanteu Angrina. Maké ngaku-ngaku putra Mamih sagala. Ku loba teuing atuh tatarucingan dina hirup téh. Mun Amah teu katulungan, meureun kuring rék diaku anak ku Tanteu Angrina. Maké hanjakal kungsi ngalamun hayang jadi anak nu beunghar. Ah aliiim Amah, Néng Umyang mah hoyong angger putra Amah. Urang uih deui ka gowok, cék haté. Taya saurang gé nu maliré. Jerit kuring, ukur kadéngé ku haté sorangan.
(Lajengkeuneun)