Basa nilepan baju, maké ngarakacak haté téh. Lalakon kamari ulin ka peternakan domba, asa katénjo kénéh. Dunungan bapana Sikom téh cenah urang kota. Ngan barétona urang lembur éta. Mimitina mah ukur ngingu opat domba, bikang jeung jalu. Ku temen wekelna, ayeuna geus puluhan domba anu diurus di dinya téh. Bapana Sikom ngadunungan geus welasan taun. Malah ayeuna mah jadi kapercayaan dununganana. Tapi basa Sikom hayang ngilu digawé, dicarék ku bapana. Kalah dititah sakola cenah sing luhur.
“Cék Bapa uing mah, pék baé hayang ngingu puluhan domba mah, tapi kudu jadi nu bogana, ulah buburuh kawas Bapa,” cék Sikom bari seuri.
“Enya Abah urang gé, ninitah sakola sing luhur cenah. Engkéna jadi Juragan. Da éta dipapatahan ku Amahna Néng Umyang,” cék Tikung.
“Naon cenah cék Amah abdi téh?” Cék kuring.
“Enya cenah ulah hayang jadi jelema miskin saendeng-endeng. Naon téh disebutna téh, Kom, miskin peremén kitu?” Cék Tikung.
“Miskin naon téh nya,” témbal Sikom. Saréréa seuri, nénjo Sikom tétéléngan.
Harita mah kuring gé milu seuri. Ayeuna geus kolot jadi inget deui. Maksud Amah miskin permanén, lain peremén, hartina langgeng. Kungsi éta gé ngadéngé Amah ngadongéngkeun perkara permanén, basa nyaksian incu Bah Opam ngumbah béca. Mani unggeuk unggeukan basa dibéré duit ku Amah. Indung kuring mah enya gé ukur hirup tina dagang wedak, tara henteu, unggal poé méré mawéh ka urang lembur téh.
“Sakolakeun budak téh Bah. Ieu mah akina tukang béca, anakna tukang béca, ayeuna incu geus dimimitian diajakan ngumbah béca,” saur Amah.
“Sina sakola, engké jadi juragan béca, ulah tukang béca.”
“Piduana wé atuh Juragan,” cék Abah Opar.
“Ayeuna mah jaman merdika. Manasina baréto, ngan turunan ménak nu bisa sakola luhur téh. Ayeuna mah tinggal daékna. ”
Kawasna caritaan kitu téh lain ukur ka saurang. Da geuning loba babaturan anu kungsi dicariosan kitu ku Amah. Tapi ari ka kuring mah tara ieuh ninitah sakola. Lamun kana maca dijurung pisan. Cék pikiran budak harita, naha saenyana Amah téh ngarasa moal mampuh nyakolakeun kuring kitu? Da ti mana atuh duitna. Pan sakola téh kudu diwaragadan. Keur ongkosna, keur meuli bukuna. Da kelas lima ka ditu mah cenah moal ku sabak jeung gerip deui. Can keur ongkos sapopoé. Pangasilan ukur tina dagang wedak.
“Nu butut mah tong dicandak,” saur Amah, ngareureuwas.
Amah ningali kuring nilepan baju geus belél jeung sereg, tara dipaké. Tapi kuring téh resep kana kembang kembangna. Kembang eros beureum, jeung konéng keur dicekelan ku Enon, urag Walanda cenah, saur Amah.
“Kana naon Mah, urang ayeuna ka kota téh?” Cék kuring.
“Dipapag ku Tanteu.”
“Kana béca? Kana délman, kana oplét?”
“Kana mobil nu Tanteu.”
“Beunghar Tanteu téh, Mah?”
“Puguh wé mana kabeuli imah di kota gé.”
“Resep nya jadi nu beunghar,” cék kuring.
Terus kuring nyaritakeun pangalaman kamari ieu, basa ulin ka kebon jeruk Pa Haji. Mani saider ider atuh tangkal jerukna téh. Cenah sakali panén téh beubeu nanganana loba pisan. Ku beunghar atuh Pa Haji téh. Encan boga délman séwaan nu sok diiderkeun di Direntén. Resep jadi nu beunghar mah, pada ngahormat.
“Néng Umyang gé bakal jadi nu beunghar. Mun beunghar téh rék mésér naon?”
“Rék mésér bonéka nu tiasa peureum beunta. Rék mésér wayang golék. Rék mésér karéta mesin, anu aya pangboncéngan.”
Amah gumujeng mani bangun lucueun kana jawaban kuring. Kakara kaharti sotéh ayeuna, geus kolot. Atuda jawaban budak nu basajan. Da hayang meuli nu kitu mah teusing kudu beunghar heula. Tapi kuring mah teu seuri.
Sagala geus tarapti. Bawaeun geus ditunda dina ranjang. Kuring nataan barang barang nu teu dibawa. Kabéh ditataan, da ngarasa hémeng. Amah bangun teu butuheun. Kaasup hawu nu aya di dapur.
“Kasur moal dicandak ?”Cék kuring.
“Kanggo emana Sapon.”
“Ari bantalna, simbutna ?”
“Kanggo Abah Opar.”
“Ari hawu?”
“Kanggo bapana Tikung.”
Teu tatanya deui, da Amah miwarang kuring ka cai. Tapi lain cai nu biasa dipaké mandi. Ieu mah dibawa ka jero. Horéng di jero mah imah téh gedong. Kamar mandina gé maké marmer. Kuring dimandian ku cai beresih, disabun ku sabun mandi Colibrita. Diandukan ku anduk weuteuh. Ieu téh imah saha ? Bet taun taun kakara katincak ayeuna? Ari salila ieu kosong waé kitu ?
Bérés mandi tara tara ti sasari, kuring didangdanan. Amah nyandak baju weu teuh. Erok tina satén, pulas kasumba. Di jeroeunana maké kénkén. Jadi baju téh murukukung. Kuring olohok. Umur umuran kakara maké baju sakitu alusna. Terus buuk disisiran, maké bondu sawarna jeung erok. Kuring disapatuan hideung modél ombyok, hareupna. Maké kaos kaki sawarna deuih jeung bondu, kasumba. Enyaan asa jadi ratu, disisiran, diwedakan, terus dikocrotan minyak seungit Narcis Bleu. Meleber seungitna.
“Gusti Alloh, ieu téh putri ti mana ?” Saur Amah,
Kuring ukur uman imen. Tapi basa ditungtun ka luar, jalan ka hareup, kakara reuwas. Horéng babaturan téh geus ngajajar. Soda, Tikung, Sikom, Manur jeung dulurna, Sapon. Ti beulah ditu aya Gusén, Padon jeung Duram. Malah jeung indung bapana, ngarégrég. Pa Haji gé aya, mani bangun hormat pisan ka Amah téh. Kuring melengek. Jadi salila ieu mah tatangga téh nyangka kuring jeung Amah cicing di imah sakitu alusna. Paingan, mani sok hormat ka kuring téh. Teu arapaleun kabéh gé, kuring mah cicing di gowok. Sakali kungsi kawénéhan, aya nu nyicingan imah téh Tanteu Tres jeung putrana Neng Sanorita. Tapi terus teu kungsi panggih deui. Hayang nanyakeun ka Amah, ku naon bet kitu?
Tapi kaburu aya mobil eureun di sisi jalan.
Nu turun téh lalaki sembada. Bari unggeuk hormat ka Amah, terus miwarang asup kana mobil. Amah nungtun kuring, didiukkeun dina jok tukang. Ari anjeun na mah sasalaman heula ka nu régrég di sisi. Horéng Néng Shea, jeung batur baturna anak nu beunghar wungkul ogé, milu jajap. Paingan atuh saur Amah, ulah goréng sangka. Geuning nu baleunghar gé sarua rék mileuleuyankeun.Basa mobil ngaléong maju, babaturan tingcorowok, bangun nalangsa. Kuring malik nénjo tina kaca mobil. Alah, Sapon mah siga ceurik. Karunya teuing.
“Atuh Néng Umyang ngalih mah, moal aya nu geulisna nya balad urang téh,” cék salahsaurang baturna, harita. Enya da salian ti lalaki wungkul téh, taya hiji gé nu berséka. Baju caraludih, sawaréh suku tara disarendal. Harurik. Ngan kuring anu pangbersékana téh. Cék Sikom, kuring mah teu mandi gé angger konéng.
“Néng Umyaaang, Néng Umyaaang.” Cék jajaran Tikung, sabatur batur.
“Dadah Néng Umyang,” cék jajaran Néng Shéa jeung batur baturna.
Aya nu nyelesek dina haté. Waas, batur maén kaléci, batur maén bal, batur nyuksruk ka sawah, ngadon maok bonténg, ngaruksak tegalan Pa Haji. Moal tepung deui meureunan jeung maranéhna téh. Ari ayeuna nu bakal papanggih di kota, jelema nu kumaha ? Cenah kuring geus didaftarkeun ka hiji SR Negri, anu anyar ngabangun. Langsung asup ka kelas lima. Teuing sariga kumaha ari barudak kota. Tangtu berséka jeung garandang.
“Ari Juragan nungguan di mana?” Cék Amah ka supir.
“Sumuhun, sadayana gé di bumi Juragan Angrumi. Malih Juragan Angrina gé tos ditu, sareng carogéna. Saurna sakantenan kempel sosonoan. Sareng hoyong nigali Néng Umyang. Saurna téh siga kumaha ayeuna.”
“Kumaha Ujang, geulis nya Néng Umyang téh? ”
“Tadi mah abdi nginten téh Nonih Walanda.”
“Kutan?”
“Atuda pangambung mancung, soca cureueuk. Salira konéng umyang.”
“Tuh nya, saur Mang Ujang gé geulis Umyang téh.” Saur Amah ka kuring. Ukur ngabéléhém, da éra dipuji hareupeun.
“Gedé imah Juragan Angrumi téh Jang.”
“Kantenan gedong sigrong. Di dinya mah teu aya bumi alit, sumawonna butut atuh Juragan. Jabi di bumi Juragan Angrumi mah aya taman sareng air mancur.”
Resep temen cicing di imah gedé. Sainget hirup kuring téh hirup di gowok. Ku hayang nanyakeun naha aya radio siga di imah nu beunghar? Naha aya kompor listrik? Aya panglicinan listrik, kawas di imah imah nu sok dianjangan ku kuring jeung Amah. Tapi atuh pan ieu gé mobilna. Piraku nu séjénna can aya. Ku hayang geura tepi, tapi asa hayang balik deui. Hayang ulin jeung babaturan. Hayang ngundeur lalab di kebon Pa Haji. Bageur Pa Haji téh mun manéhna ngundeur, sok sagala dibikeun. Tapi cék Sapon mah meureun wé da Néng Umyang mah geulis jeung seungit. Da ka maranéhna mah cenah peditna kacida. Kuring ukur seuri.
“Kinten sapuluh menit deui gé dugi, Gan,” cék supir.
Sakeudeung deui kitu sapuluh menit téh. Ujug ujug degdegan ieu dada. Inggis manggih katugenah kawas basa teu diondang jarig Néng Shea. Inggis manggih katugenah, da kuring mah urang sisi. Enya ari kotana mah sarua. Ngan itu mah di tengah kota, kuring mah di pasisian. Estu jauh pisan kaayaanana. Tatangkalan nu ngajajar kawas beunang ngatur, bangun ngabagéakeun kuring. Geus aya tengah kota. Sakeudeung deui kuring bakal jadi urang kota, lain urang sisi deui. Tapi naha bakal sarua senangna hirup di dieu jeung di pasisian. Naon anu bakal kapanggih ku kuring di kota. Sakeudeung deui? Haté kuring beuki ratug. Tapi da teu bisa nyarita nanaon. Amah katénjo diwedak, terus memener kabayana. Sakeudeung deui, sakeudeung deui. Naon anu bakal tumiba ka kuring ? Gerentes haté, teuing tumanya ka saha. Sidik lain nanya ka angin beurang, lain nanya ka
ka panonpoé. Ukur nanya ka diri sorangan. Gusti, abdi degdegan.
(Lajengkeuneun )