LOBA papatah indung anu napel dina ingetan. Kakara karasa geus kolot, nu nguatkeun méntal kuring téh nya cara ngawarah indung harita. Yén dina hirup téh ulah kuméok méméh dipacok. Ulah adigung adiguna, ulah épés méér. Sanajan henteu karasa, pangwarah indung kana kahadéan téh, loba pisan.
Kawas dina hiji mangsa, Néng Shéa anak tatangga nu imahna gedong ngayakeun yareh (jarig), nya éta tepung taun kalahiran. Kuring teu diondang. Kadéngé basa nyaranyi happy birthday jeung selamat ulangtahun, ti enggon téh. Da teu jauh atuh ti gowok kuring ka bumina Néng Shéa téh. Ngintip tina jandéla anu ukur sagedé pelok, barudak anggeusan acara. Kabéh marawa bingkisan. anu dikeretas an harérang. Emh, mun kuring diondang, tada temen bungahna. Heug aranglang ka manggih kuéh. Basa indung datang tas dagang wedak, kuring mangadu.
“Naha nya mani diliwat, pan manéhna gé apal, aya Enéng di dieu,” cék kuring.
“Ulah suudzon, kalangkung meureun,” témbal indung.
“Ah, sombong wé éta mah. Nu diondang téh anak nu baleunghar wé,” cék kuring.
“Istigfar kadinyah. Teu kénging ngutruk kitu. Cék Amah mah kalangkung. Atawa meureun teu apaleun, da Umyang mah amengna jeung barudak kampung waé.”
Kuring cicing. Teu apaleun indung mah, barudak kampung téh loba kamonésana na. Kuring bisa maén kaléci, ngarti aturan maén bal téh ti maranéhna. Jeung leutik leutik geus barisa néangan duit. Kuring gé sok kabeneran miluan nawarkeun dagangan Soda. Manéhna dagang goréng suuk, beunang lanceukna. Cenah sapoé gé béak, ari dagangna dibarengan ku kuring mah.
“Ulah sedih. Amah yakin hiji mangsa Umyang bakal mendak kabungah, ngarasa dihargaan ku batur. Lamun ayeuna ngarasa teu dihargaan, kaupahan ku hiji kajadian anu bakal ngabungahkeun haté. Sing percanten.”
Tepi ka isukna kuring masih kénéh gegelendeng jeung dendam. Papatah indung nu sababaraha kali dicaritakeun, basa kuring balik sakola, teu pati dibandungan. Ongkoh kuring kaburu ngadéngé di luar récok sora barudak lalaki. Sidik pisan, nu dicaritakeun téh soal maén bal. Kawasna hayang maén bal euweuh lapangna. Biasana kurang jelema atawa euweuh balna. Da sok maén balna di lapang, kagungan Pa Haji. Ari harita cenah lapangan téh dipaculan, da Pa Haji rék ngabangun. Kuring geuwat ka luar. Mani surak maranéhna téh basa nénjo kuring ngadeukeutan maranéhna.
Aya sabaraha urang babaturan téh. Aya Soda, anak tukang goréngan, Tikung anak pembantu, Sikon anak tukang béca, Mojo anak pemulung, Manur jeung Sapon adi lanceuk. Teu lila jol Gusén, Padon jeung Durmin langsung ngagabung. Nénjo kuring, bangunna téh aratoheun pisan. Tapi teuing naon anu jadi atohna téh. Pédah éta kitu, kungsi ulin ka sawah. Maranéhna rék maok bonténg, da aya nu keur panén di sawah téh. Kapanggih ku nu bogana, barudak diudag. Tapi basa nempo kuring, nu boga kebon téh kalah manggut manggut. Malah ménta hampura sagala. Kuring teu ngarti, naha sikep maranéhna téh bet kitu.
“Geuning sareng Néng Umyang,” cék manéhna.
Sanajan teu ngarti, kuring ménta hampura pédah babaturan maok bonténg bogana. Ari ayeuna teuing rék naon tah babaturan téh. Basa ditanya, enya jawabanana téh hayang maén bal, lapangna geus dibérésan. Jukutna diberesihan da cenah Pa Haji rék ngabangun. Ku kuring dihatéan.
“Hayu wé lah, urang méng bal. Keun kari kumaha engké.”
Bisa jadi kuring téh nyeri haté kénéh pédah ku Néng Shea teu diondang, kamari. Jadina meupeus keuyang kana maén bal, hayang ngaleyek tanah Pa Haji. Pa Haji salah sahiji jelema beunghar di lembur. Aya rasa keuheul ka nu baleunghar téh. Pédah kuring, teu diondang, da miskin. Pan sarua jelema, cék haté.
“Eh enya kétang, tadi panggih Pa Haji keur ka kota,” cék Soda.
Sapuk geus kitu mah. Terus wé barudak nu aya téh dibagi dua. Ku kuring diatur, nu jadi back, kiper, gelandang, striker. Kabeneran aya kénéh opat tangkal can dituar. Beulah katuhu jeung beulah kénca dua dua ayana téh. Terus waé dijieun tihang gul. Minangka rambang na, tangkal téh ditalian ku sesebitan nu kabeneran ngabarak dina wadah runtah. Der waé mimiti maraén bal. Ku lantaran kuring jeung Soda pangjangkungna, dijadikeun kiper. Geus papada campuh mah, lat baé poho yén tanah Pa Haji téh kakara meunang meresihan, da rék ngabangun.
“Oper Kung,” cék Manur.
“Udag, oblo,” cék Sapon. Ari pék bal téh keuna kana leungeunna.
Saréréa protés, da Sapon neruskeun nyépak.
“Pirikik manéh mah,” cék saréréa méh bareng. Maksudna mah licik. Bisa jadi tina kecap Free Kick, bet jadi dihartikeun licik.
“Teu kahaja, sumpah, aing mah,” cék Sapon merekedeweng.
“Geus geus, teu kahaja,” cék kuring. ”
Kabéh nurut. Maénbal diteruskeun. Keur sakitu campuhna nu papada hayang ngagulkeun, ujug ujug aya nu ngabedega bari nulak cangkéng.
“Pa Haji,” cék Gusén, bari beretek lumpat, dituturkeun ku saréréa. Aya nu teu kaburu disendal, atuh ngabarak di tengah lapang.
“Bangkawarah! Taneuh kakara beunag meresihan. Saha nu mirucaan ulin di dieu? Na teu kadeuleu, tanah beunang maculan? Dasar barudak teu nyaho dicedo. Dasar anak anakan!”
Kabéh nyumput satukangeun kuring, kahalangan ku dapuran baluntas nu jaradi di sisi tegalan. Pa Haji ngulang ngulang iteuk, bari angger cocorowokan.
“Hayoh ka dieu, tembongkeun cucungik manéh !” cék Pa Haji.
“Abdi Pa Haji,” cék kuring, bari norojol ti tukangeun dapuran baluntas.
Anéh, Pa Haji téh kalah terus rengkuh, bari imut. Saréréa ngahéphép kénéh. Kuring terus nyampeurkeun Pa Haji. Pa Haji téh kalah sarangah séréngéh.
“Aéh geuning Endén Umyang. Saha nu ngawitan maén bal di dieu téh. Ningali Geulis? ” Pokna bari rada undur-unduran.
“Hapunten Pa Haji, abdi nu ngajakan mah. Manawi téh sanés kénging énggal maculan. Sawios badé dibérésan deui wé ku abdi sareng réréncangan.”
“Ah teu kedah, Geulis. Sawios Pa Haji badé miwarang tukang macul wé.”
“Teu sawios Pa Haji, abdi kedah tanggungjawab,” cék kuring.
Bari nyarita kitu téh, kuring ngajakan barudak sangkan ngadeukeutan. Teu nepi ka dua jam, taneuh nu balatak téh beresih deui, da dibérésan ku saréréa. Tali nu dipaké rambang tihang gul, jeprét jeprét dilaanan. Sendal nu patulayah dicokot ku sabogana sabogana. Taneuh téh beresih deui sabihari.
“Nuhun Geulis,” cék Pa Haji.
“Sakali deui hapunten Pa Haji,” cék kuring. Kabéh dititah nyebut hapunten ka Pa Haji. Sanajan rada dijieun jieun, Pa Haji gé teu burung imut maur.
“Sami sami. Emh dasar ménak, keur geulis téh berbudi deuih. ”
Basa asup ka gowok, kasampak Amah keur gégéléhéan. Ku kuring dicaritakeun kajadian bieu téh. Enya aya kabungah nu taya papadana. Kuring asa geus jadi pahlawan nyalametkeun babaturan tina benduna Pa Haji. Kuring gé meunang pamuji ti Pa Haji. Ngan na maké disebut ménak?
“Ari nu disebat ménak téh sanés gelar radén waé, Néng. Tapi nu manahna beresih, hormat ka sasama, béréhan, soméah, wani tanggungjawab jeung adatna pikaresepeun,” cék Amah, ngajawab pananya kuring. Geuning Néng Shéa mah adigung gé angger disebut ménak jeung pada ngahormat, cék haté.
Harita téh sakola geus kelas opat. Teu yangka yén maén bal harita téh minangka ulin pamungkas di lembur. Da Amah ngageroan, basa kuring rék ka cai.
“Néng, minggu payun mah urang téh ngalih ka kota, ” cék Indung.
“Naha ka saha?” cék kuring.
“Tanteu Angrumi ngalih ka dieu, ngajakan linggih di ditu.”
“Ka kota? Bumina kumaha?”
“Nya gedong atuh. Urang dipaparin kamar di tengah. Néng Umyang gé bakal ngalih sakolana. Kedah sasadiaan ti ayeuna wé,” cék indung deui.
Rada ngahuleng. Bet ras basa mimiti asup SR. Harita keur mahabu kasakit cacar air. Atuh kabéh murid kudu dikuris, mangrupa garis dua, dina puhu leungeun. Kuring kabagian pluh kadua. Geus pérén nunda sabak jeung gerip dina méja, sakelas ka luar, terus baris. Rupa rupa kaayaan murid téh. Inget kénéh aya nu gogoakan ceurik, aya nu direjengan. Ari kuring mah teusingna. Malah jarum kuris gé ditempo kalawan wani. Atuh pada muji ku saréréa. Bérés dikuris, dibagi susu jeung kuéh hoho. Dua poé teu meunang mandi.
Ari ayeuna, saminggu deui, sakola nu opat taun didiukan, téh rék ditinggalkeun. Sanajan teu loba, tapi aya sobat nu balageur. Meureun Cawita, Arseni, Talyna bakal papisah. Tada teuing waasna. Engké saha nu bakal jadi babaturan téh.
Tangtu sagala galana gé bakal béda. Kakara rérés salat asar, kadéngé aya nu keketrok kana panto pager, indung ngoréjat. Tapi terus ka luar, sabada némbalan nu pupuntenan. Kuring noong tina jandéla. Reuwas, da nu datang téh Mamihna Neng Shéa. Rék naon jig jig ka gowok?
“Aduuuh aya naon Endén rurumpaheun?” Cék indung.
“Laah Tanteu, ulah kirang ngahapunten. Abdi téh kalangkung, Néng Umyang henteu kaulem dinten kamari, basa ulangtahun pun anak Shea,” cenah, sidik.
Kuring hareugeueun. Mani sopan naker geuning Mamihna Shea téh. Boro disebut adigung. Teusingna geuning. Paingan cék indung ulah sok suudzon. Teu pati kabandungan obrolan saterusna mah. Da teu lila indung asup deui ka gowok, bari ngajingjing bungkusan. Cenah éta téh aya kénéh dua deui, bingkisan ulangtahun keur nu daratang. Basa dibuka, sarupaning kuéh jeung volemelk, coklat, rada panjang ti nu biasa.
Ras ka Manur jeung Sapon. Cenah can ngajaran ngadahar coklat. Bari rék bébéja yén minggu hareup kuring rék pindah, geuwat muru ka imahna. Mani peureum beunta éta adi lanceuk téh basa ku kuring dibéré coklat sasemplék séwang.
Maranéhna ngaharuleng basa ngadéngé kuring rék pindah. Kalah terus ngageroan babaturan nu séjén. Nu harita aya téh Soda, Tikung jeung Sikom. Sarua maranéhna gé bangun sarediheun. Pajar téh atuh euweuh nu geulisna babaturan téh cenah. Tapi Tikung jeung Sikom mah maké ngajakan heula perpisahan cenah.
Isukan kuring diajakan ku Sikom nempo ka peternakan domba nu dunungan bapana. Da bapana téh digawé di dinya, purah ngurusanan domba. Ari Tikung ngajakan nempo ka kebon jeruk Pa Haji, da isukan deuih cenah panén. Bapana digawé jadi tukang kebon di dinya. Sok dibagi jeruk, lamun milu nénjo nu panén téh. Kuring giak pisan. Poé harita jangjian isukna rék tepung di imah kuring, muru kebon jeruk jeung peternakan domba téa.
Méh sapeupeuting kuring guling gasahan. Kaingetan terus ka Mamihna Néng Shéa. Terus ngalamun hayang geura nénjo peternakan domba jeung kebon jeruk téa. Da tangtu geus di kota mah moal aya nu kitu. Cék indung gé paling nu loba téh mobil jeung béca. Aya horéam incah ti lembur téh. Tapi aya rada hayang deuih ngajaran hirup di kota. Kawas kumaha?
(lajengkeuneun)