Cékas cengkat, basa Umyang ka luar ti jero. Leungeunna duanana ranggah, ciri ngabagéakeun ka Cékas. Manéhna gé olohok. Nu dicipta bakal nyanghareupan kolot nu masih kénéh dangdan ménor jeung dimake-up rada kandel. Ari pék kolot nu biasa pisan. Sanajan ukur wedak ipis nu napel dina pipina, kageulisanana angger kaciri. Gurat gurat geulis, anu henteu diropéa, éstu geulis dina umurna. Maké baju panjang pulas héjo pucuk cau, rék sawarna jeung kurudungna, ngan rada kolot. Ari pamuluna bangun soméah. Uah aéhna gé éstu sahinasna. Basa geus diuk, sok HP-na ditunda dina luhur méja.
“Alah, hapunten lami, nya ngantos?” Pokna bari song leungeunna ngajak sasalaman. Ditampanan ku Cékas, bari rengkuh, pataréma ramo jeung Umyang.
“Geuning mani kasép, nya Cép Cékas téh,” cék Umyang bari gék diuk.
“Ah, Tanteu, nuhun atuh.”
Rada lila Umyang téh nanyakeun ti iraha Cékas sok nulis biografi. Malah nanyakeun ti mana sakola, ti mana kuliah, geus rarabi acan. Terus nanyakeun anak saha jeung urang mana. Ku Cékas dijawab sahinasna wé, henteu maké ditambahan katerangan sagala. Pananya nu perlu, jawabanana pondok. Umyang unggut-unggutan bangun sugema. Kakara nanyakeun kumaha nyieun biografi manéhna, basa Umyang geus nitah ngopi ka Cékas, bari mukakeun turub kéler.
“Mangga kedah kumaha Tanteu téh Cép Cékas?”
“Cékas wé atuh Tanteu.”
“Ah, moal sanggem Tanteu mah nyebat jenengan wungkul. Mun ka nu aranom, pameget kedah Cép atanapi Dén. Ka istri Néng atanapi Endén. Ka saluhureun Akang atanapi Tétéh, ka sahandapeun Ayi. Asa culangung nyebat jenengan wungkul mah. Encép wé atuh nya.” Cékas ukur unggeuk. Nyebut mangga, tapi lalaunan pisan. Umyang imut bangun lucueun.
Map nu ti tadi geus ngajagrag dina méja, ku Cékas dibuka. Sok dibikeun ka Umyang salambar, ku manéhna dicekel salambar. Terus Cékas nerangkeun naon waé nu bakal ditanyakeun. Jeung kumaha téknis wawancarana. Umyang ngabandungan bangun kacida resepna. Nepi ka Cékas gé asa samar rampa.
“Ku abdi badé didamel lima bab panginten, Tanteu. Bab kahiji ngeunaan mangsa murangkalih. Teras kana bab pendidikan, kana karir, sareng testimoni. Panutup mah dina lampiran, dieusian cv Tanteu sareng cv abdi. Nu sanésna mangrupi al beum, dieusi potrét-potrét Tanteu ti alit dugi ka ayeuna.”
“Muhun, muhun,” cék Umyang unggeuk- unggeukan.
“Ayeuna perkawis wawancarana, badé kumaha? Naha badé saminggu sakali, dua jam sakali tepang. Atanapi badé saminggu dua kali, sajam sajam? ”
“Atuh kulem di dieu wé, ngarah ngobrolna teu kauger ku waktos. Candak sareng tuang rai. Da seueur kamar di Tanteu mah. Sanés ngarurusuh, mung malum tos kolot sok énggal hilap. Pan mun unggal dinten mah pasti emut kénéh.”
Cékas ngarengkog. Saré di dieu? Enya asa bakal genah. Tapi naha Titilaras daékeun? Mun nempo pamulu Tanteu Umyang anu sakitu soméahna mah, piraku pamajikanana embungeun. Tapi basa cék Umyang émutan heula baé, rada ngemplong Cékas téh. Hartina manéhna teu maksa. Ieu mah jalan anu panghadéna pikeun Umyang. Kaharti alesanana ogé.
“Badé dina wangun novel atanapi laporan perjalanan hidup Tanteu?”
“Kumaha saéna, nya. Soalna hirup Tanteu mah seueur lika likuna, sanés wungkul perjalanan hidup, tapi variatif pisan. Tiasa kitu mun dinovelkeun?”
“Kantenan waé tiasa. Badé saha atuh tokohna. Badé jenengan atanapi nga-kuringkeun?”
“Kumaha maksadna?”
“Muhun badé Umyang, punten, atanapi kuring ngalalakonkeun hirupna?”
“Saur Encép saéna kumaha ?”
“Upami tokohna kuring, bakal langkung spesifik, henteu kedah nyarioskeun nu sanés. Tapi upami jenengan tangtos bakal nyanyandak tokoh sanés.”
“Oooh. Ah atuh tos wé kuring.”
Keur kitu kadéngé HP-na ngirining. Gap dicokot ku Umyang.
“Punten nya Cép,” pokna bari terus némbalan nu nelepon. Kadéngé pisan kumaha perténtangna ieu wanoja téh. Nyaritakeun setoran ti hiji perusahaan. Da maké nyabit nyabit transferkeun wé ka Ibu, cenah. Rérés nelepon terus nyanghareup deui ka Cékas. Tapi kakara gé rék pok nanyakeun kira kira sabaraha poéun wawancara téh, HP na disada deui. Gap deui dicekel ku Umyang. Ayeuna mah jelas obrolanana téh ngeunaan perkebunan. Da pok pokanana téh nanyakeun sabaraha tangkal nu buahna geus beunang dipanén. Saha nu rék meulina. Ulah diduruk cenah, dipaculan wé, urutna.
“Ké sakedap, nya Cép, mani seueur gangguan, nya.”
Umyang ngageroan mojang nu diuntun dua, tadi. Manéhna nyampeurkeun.
“Punten Geulis, pangnyaurkeun Seus Ginta.”
Nu dititah unggeuk, terus ngaléos. Teu lila datang deui dibarengan ku awéwé tengah tuwuh, sangoraeun Umyang. Manéhna gé ingguk bari rengkuh.
“Badé naon Bu?”
“Cik ieu titip HP, pangwalerankeun, nya Néng, Ibu nuju nampi tamu.”
Nu dititah duanana ngaléos. Ayeuna mah Umyang bangun salsé, nyanghareupan Cékas, paduduaan. Ngobrol bari teu eureun nawaran kuéh. Cékas gé ngarasa éra hayoh waé ditawaran opieun. Tapi teu burung digugu.
“Kieu nya Cép. Tanteu téh sanés ngaraos jalmi istiméwa. Sanés ngaraos jalmi jegud deuih. Tapi Tanteu téh hoyong ngajelaskeun ka sanak baraya, kadang wargi, yén Tanteu téh jalmi biasa. Hirup Tanteu disangka ku batur ukur gulubur na wungkul. Malih aya nu nyangka Tanteu téh istri pangarahan. Aya nu nyebat istri tukang nikah. Padahal sadayana gé lepat. Tanteu téh jalmi prihatin. Tah ari kedah awong-awongan ngadongéngkeun kaayaan Tanteu mah, pimanaeun. Numawi hoyong didamel biografi. Keun sina maraca, saha Tanteu nu saleresna.
Tah upami kitu saéna kumaha?”
“Muhun rupina didamel gaya novel waé supados narik ati.”
“Taah muhun. Naon margina Tanteu hoyong diserat ku Cép Cékas? Supados aruningaeun yén nu nyeratna gé penulis kasohor.”
“Ah, Tanteu mah.”
“Ih da muhun. Wargi Tanteu mah tos aruningaeun kana jenengan Cép Cékas, pasti karagumeun, atuh mun carios téa tos janten.”
“Mugi mugi wé atuh Tanteu, abdi tiasa nyugemakeun.”
“Insya Allah, tos jaminan,” cék Umyang bari ngacungkeun jempolna.
Teu lila jol deui nu tadi disebut Seus téh ka luar. Sok mikeun surat sacewir. Basa tas maca keretas éta, Umyang permisi heula rék ka jero. Basa ka luar deui, mawa albeum potrét. Sok ditunda dina luhur méja.
“Ari Cép Cékas sok nguping saha ari Tanteu ?”
“Terangna Tanteu mah pengusaha suksés wé.”
“Tukang nikahna aya nu ngawartosan?”
Cékas gideug, bari nyebut teu aya.
“Tah ieu, carogé Tanteu téh,” pokna deui, bari bray mukaan albeum. Ditataan ku Umyang hiji hijina potrét. Cékas ukur unggeuk-unggeukan. Da acan dicaritakeun saha sahana éta potrét anu ditunjukan téh.
“Tah, Tanteu sering nikah téh sanés hobby, tapi nasib,” cenah. Ayeuna mah dibarengan ku seuri. Tapi bangun aya nu nyelekit dina wirahmana.
Geus leuwih ti dua jam ngobrol, nerangkeun sagala rupa nu bakal dipigawé ku maranéhna, Cékas amitan da ngarasa geus cukup. Tapi basa tas bébérés eusi map nu rék dibawa balik, Umyang nitah diuk heula ka Cékas.
“Ké Cép, pan Tanteu jangji badé masihan uang muka. ”
“Ah atuh Tanteu, engké deui we. Bet teu acan gé digawé abdina.”
“Uninga istilahna dina basa Sunda?” Cék Umyang. Cékas gideug.
“Pupulur méméh mantun, nyuhunkeun buruh ti payun téh. Tapi da Cép Cékas mah henteu nyuhunkeun, Tanteu nu jangji.”
Sanajan asa-asa, Cékas teu burung nyebutkeun nomer rekening manéhna. Umyang permisi ka jero sakeudeung. Teu lila kaluar deui. Manéhna némbong keun HP na. Tina M Banking kacatet duit dupuluhlima juta geus asup kana rekening bank Cékas. Teu bisa nyarita Cékas téh, iwal ti permisi, jeung nyebut nuhun. Basa ka luar geus nyampak supir nu tadi di hareupeun lawang imah gedong téh. Sajajalan Cékas nga-WA ka pamajikanana ka bapana, yén geus dibayar salawé juta. Jawaban WA rupa rupa.
“Wow kerén, belanjong dong,” cék Titilaras, ditambahan ku emoji nu seuri.
“Ulah waka dipaké, engké geus anggeus tulisanana,” cék bapana.
“Saur Embu tunda di bank Embu,” cék bapana deui.
Cékas ukur imut. Kuduna mah manéhna gé atoh meunang duit sakitu gedéna. Tapi naha bet jadi aya rasa karunya tepung jeung Umyang téh. Najan bari seuri karasa aya nu nyeuit dina atina, basa Umyang nyebut sanés hobby, tapi nasib.
Basa sédan hideung meles eureun di hareupeun buruan imahna, katara sepi. Cékas nganuhunkeun ka supir. Tapi basa supir ngaléos, imahna sepi. Aya naon?
Basa sup ka imahna, kasampak indung bapa jeung pamajikanana rajeg di ruang tamu. Nangtung kabéh gé, taya nu diuk. Cékas gé olohok. Can kaburu nanya, indungna nyampeurkeun bari ngusap taktak manéhna.
“Alhamdulillah sukur salamet,” cék indungna.
“Naha nganggo hariwang kitu, Mbu?” cék Cékas.
“Ih atuh puguh wé melang, mawa duit sagedé gedé, ukur duaan jeung supir. Apan biasana gé ditransfer duit gedé mah. ”
Cékas seuri ngabarakatak, bari gék diuk dina korsi panjang. Indung bapana gé guk gék dariuk. Kitu deui pamajikanana. Bangun héran nénjo Cékas seuri téh.
“Paingan atuh mani rajeg ngantosan Dédén.”
“Céky, éh, hawatos Embu, kalah heureuy,” cék pamajikanana.
Cékas nerangkeun yén duit nu salawé juta téh ditransfer ka bank tempat manéh na nunda duit, henteu ngaliwatan bank, langsung make M banking. Indung bapana jadi milu seuri, geus kahartieun mah.
“Puguh Cékas gé reuwas.”
Talété pisan indungna nanyakeun kumaha kaayaan Umyang. Jeung kumaha kajadian tadi téh. Siga kumaha ayeuna, jeung judes, atawa bageur.
“Bageur, Mbu. Saurna téh, geuning mani kasép Cép Cékas téh,” cék Cékas.
“Siapa dulu dong ayahnya, kitu cék Ujang téh?”
“Nya henteu atuh, Pa.”
“Barina gé Cékas mah mirip Embu. Nu seueur ka Bapa mah, Kakang,” cék Yayas
“Nu matak kasép Si Kakang,” cék bapana.
“Gandéng ah, duanana gé putra Embu mah karasép,” cék indungna.
“Baper, baper,” cék bapana.
Saréréa seuri. Geus rérés gogonjakan, Cékas nyaritakeun kajadian tadi isuk, iwal Umyang nitah ngendong sama sakali teu disabit. Mani unggeuk unggeukan indungna mah ngadéngé dongéng Cékas téh. Basa geus rérés dodongéng, pamajikanana disina ka bank, ngayakinkeun duit geus asup. Duaan jeung indungna kana mobil, arinditna ka bank téh. Saréréa sapagodos duit moal waka dipaké, saacan naskahna bérés. Basa Titilaras jeung mitohana indit, bapana asup ka kamarna, ari Cékas terus ka imahna, bari héhéotan. Mimiti isukan manéhna bakal mancén gawé beurat, nyusun biografi wanoja pengusaha.
Hartina muka nu jadi misteri gedong sigrong téh.
(lajengkeuneun)