
Sobat Sora, aya nu ahéng tur unik mun namu ka rohang TU SMPN 23 Bandung. Naon téa? Nyatana brangkas kuno. Mérekna Bolt Lock, jieunan Austria. Bahanna tina beusi, pokona mah ulah wani-wani ngangkat sorangan, da beurat. Nu istiméwa brangkasna tahan diduruk. Diperkirakeun umurna, kurang leuwih geus dua abad, da éta wé nempo tina sababaraha informasi yén éta brangkas téh dijieunna basa taun 1800-an. Hargana gé lumayan mahal, numutkeun arsip lélang pihargaeuanana bisa kana leuwih ti 30 juta rupia.

Ieu brangkas kuno téh aya di juru rohang TU, jinekna mah di rohang anu dikuncénan ku Pa Edi Supriadi, S.Pd salaku bendahara SMPN 23. [MS]***
