Ngeunaan kaéra, aya carita anu sok mindeng disabit-sabit. Tapi lain di urang, ieu mah di Jepang. Kacaritakeun cenah aya pejabat nagara anu diondang kana pésta méwah. Waktu éta kajadian diwartakeun ka balaréa, teu lila ti harita éta pejabat nagara téh mundur tina kalungguhanana. Alesanana basajan pisan. Ngarasa éra cenah.
Keur urang mah asa anéh nya. Naha pira gé hadir dina pésta méwah nepi ka ngarasa éra tur ahirna milih mundur tina jabatanana? Pan nu ngayakeun péstana mah batur, lain manéhna. Manéhna mah ngan sakadar diondang. Ari kangaranan diondang, bakal goréng kasebutna mun teu datang téh.
Dina urusan babalicetan omongan saperti kitu, bangsa urang sigana mah mémang juarana. Sok wé geura bandungan. Lamun aya pejabat nagara anu kabéjakeun milampah salah, bakal réa alesanana téh. Kaasup alesan anu jolna ti balad-baladna. Cindekna mah embung disalahkeun. Sigana bakal aya anu inget kénéh, waktu dina jaman Orba harita aya pejabat nagara anu dina média disarankeun supaya mundur, jawabna téh pondok pisan. Pajar cenah, kita tidak mengenal mundur sebab tékadnya juga maju terus pantang mundur. Sigana pejabat di urang mah mending kénéh dieureunkeun atawa dipecat batan daék mundur mah. Padahal lamun mundur bakal leuwih terhormat.
Tapi naon hartina terhormat? Ngajénan diri sorangan téh sigana di urang mah acan usum. Atawa geus teu usum. Lantaran jaman béh ditu mah kungsi aya pejabat nagara anu milih ngajénan diri sorangan batan milu ancrub kana urusan anu manéhna sorangan teu satuju. Salasahiji contona, Bung Hatta. Proklamator anjeunna téh. Jeung Bung Karno kungsi katelah Dwitunggal. Kungsi jadi wakil presidén deuih. Tapi waktu ngarasa teu satuju kana kawijakan Bung Karno, Bung Hatta milih mundur. Padahal Bung Hatta teu salah nanaon. Lebah dieu Bung Hatta bisa kénéh ngajénan dirina sorangan.
Ari ayeuna geus robah. Boro-boro daék ngajénan dirina sorangan, kaéra gé geus teu boga. Pejabat nagara di urang ayeuna, anu umangkeuh dipilih ku rayat, leuwih ngarasa agul lamun diajénan ku batur batan ngajénan dirina sorangan. Dina émprona, pangajén ti batur téh cukup diukur ku piagem. Lain ngan Ridwan Kamil wungkul, pejabat nu séjén gé mani sok cuih lamun meunang penghargaan téh. Tangtu wé teu salah-salah teuing, sanajan saréréa gé apal, nu ngaranna pangajén téh bisa waé lantaran aya hargana.
Dina kahirupan sapopoé, urang Sunda boga babasan nu saderhana pisan pikeun ngukur nu séjén téh. Éta mah jelema téh teu boga kaéra, cenah. Tumerapna bisa ka saha waé, kaasup ka anu keur jareneng, nu baroga jabatan luhur. Hartina éta jelema téh goréng atawa teu hadé. Moal enya jelema anu teu hadé bisa jadi pamingpin.
Naon urusanana antara boga kaéra jeung démokrasi? Pan bangsa urang ayeuna geus aya dina jaman démokrasi. Ari dina sistim démokrasi mah milih pamingpin téh cukup ku dipercayakeun ka rayat. Dina padika démokrasi, teu aya aturan anu nyebutkeun yén sing saha anu arék dipilih téh jelemana kudu boga kaéra.
Pan ceuk tadi gé, bangsa urang mah juara dina urusan bulat-beulit carita. Sagala rupa alesan ngahaja ditétéangan. Pokona, sanajan salah gé aya alesanana. Tapi aya anu poho yén dina urusan kanagaraan aya anu teu bisa dileupaskeun, nyaéta perkara étika. Ngurus nagara teu cukup ku konstitusi, undang-undang jeung aturan séjénna. Aya étikana, sanajan dina prakna mah bisa jadi béda-béda.
Mun ceuk carita tadi aya pejabat di Jepang anu mundur tina jabatanana lantaran ngarasa éra, lantaran étikana mémang kitu. Ari bangsa urang, naha boga étika anu saperti kitu?
Lamun balik deui kana patokan boga kaéra dina harti anu hadé, sigana mah teu jauh-jauh teuing. Bangsa urang gé sarua, boga étika. Jelema anu teu boga kaéra téh lain pujieun. Komo deui lamun anu kitu téh meunang kapercayaan pikeun ngurus nagara, sakumaha leutikna ogé. Harita, pan kungsi dicontoan ku Bung Hatta. Penting kénéh boga kaéra batan nyekel kalungguhan sakumaha luhurna ogé.
Lantaran Bung Hatta sanggup ngajénan dirina sorangan, anjeunna mah jajauheun tina korupsi. Babarengan mingpin bangsa jeung anu teu sajalan gé mending mundur. Na ku naon étika Bung Hatta dina jadi pamingpin ayeuna mah teu aya anu nurutan?***