• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Hot

Bhinékas Radio High School SMAN 18 Kota Bandung Gawé Bareng jeung Radio Sonata 94 FM

Redaksi by Redaksi
01/08/2016 5:32 PM
in Hot, Sora Sakola
0 0
0
Bhinékas Radio High School SMAN 18 Kota Bandung Gawé Bareng jeung Radio Sonata 94 FM
361
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

drs. iwan setiawan kepala sman 18 kota bandungDrs. Iwan Setiawan, Kepala SMAN 18 Kota Bandung.

Bandung – Tanggal 24 April 2016 katompérnakeun, SMAN 18 Kota Bandung ngadegkeun ékstrakurikulér broadcast. Diresmikeun ku Ibu Atalia Kamil, garwana Walikota Bandung nya éta Bapa Ridwan Kamil. Tujuanana ékskul broadcast ngadeg téh keur ngawadahan bakat para siswana dina widang penyiaran jeung présénter. Ieu ékskul ayeuna diaping ku Dra. Sofi Anggriawati.

penyiar radio sonata 94 fmPelatihan Broadcast di SMAN 18 Kota Bandung ti radio Sonata 94 FM.

Kasang tukangna téh, bulan Désémber 2015, basa perwakilan siswa jeung sakola diundang ka radio Sonata 94 FM, dina acara profil SMAN 18. Laju ku Pa Héru Nugraha, Program Director radio Sonata dihatéan sangkan aya éta ékskul broadcast di ieu sakola.

pelatihan broadcastPelatihan Broadcast di SMAN 18 Kota Bandung ti radio Sonata 94 FM.

Drs. Iwan Setiawan, salaku Kepala Sekolah SMAN 18 Kota Bandung teu asa-asa ngawujudkeun ékskul broadcast aya di sakolana. Laju nyieun studio radio mini, perenahna deukeut rohang guru. Diaranan wé Bhinékas pamasihan ti Ibu Hj. Rita, Kepala Bidang SMA/SMK Dinas Pendidikan Kota Bandung manten. Bhinékas téh hartina kréatif.

pelatihan broadcast 2Pelatihan Broadcast di SMAN 18 Kota Bandung ti radio Sonata 94 FM.

Sanajan pakakas siaranana masih basajan, tapi geus lumayan keur mitembeyan siswana siaran mah. Ayeuna anggotana kurang leuwih aya 50 urang, sanajan nu aktifna mah kurang ti éta. Diketuaan ku Mauly, kelas XII-IPS-IV, ieu siswi nu capétang téh, ogé sok siaran di radio Ninetyniners Bandung.

siaran radio bhinekas

Jadwal siaran radio Bhinékas ti poé Senén nepi ka Juma’ah, méméh diajar ti pukul 06.00 nepi ka pukul 06.30 jeung mangsa istirahat, ti pukul 09.40 nepi ka pukul 10.00. Unggal poé jejer siaranana téh béda-béda, kanyaning poé Senén nginformasikeun dunya atikan tur bewara UTS, UAS, jsté. Poé Salasa ngeunaan tips-tips. Poé Rebo Haat, hadé haté, ngeunaan kasundaan, atawa budaya deungeun, muterkeun lagu-lagu Sunda, jsté. Poé Kemis BnB, ngeunaan basa jeung biografi tokoh-tokoh nu ngainspirasi sarta poé Juma’ah, Rohjas ngeunaan kaislamaan jeung olah raga (saminggu sakali). Siaranana di sambungkeun kana spéker nu geus aya di unggal kelas.

maulyGaya Mauly mangsa siaran di radio Bhinékas SMAN 18 Kota Bandung.

Bhinekas radio inspiring for education, mangse yo, kitu call id atawa bubuka siaranana téh. Biasana salian méré informasi nu haneut kénéh, penyiarna sok muterkeun lagu nu keur dipingandrung ku rumaja ayeuna, boh nu basa Indonésia boh nu basa deungeun. Biasana mah sok aya request/paménta lagu ti siswa. Salian ti éta sok aya kirim-kirim salam, kumaha wé radio papada umumna. Maangsa nutup acara penyiarna téh, sok ngomong Think smart think positive and be Bhinékas. Basa Sora ngabandungan, resep ngadanguna gé, kayungyun pokona mah.

helviHélvy salah sahiji penyiar favorit di radio Bhinekas SMAN 18 Kota Bandung.

“Alhamdulillah panampian ti réréncangan ka eksklul broadcast utamana radio Bhinékas saé. Sanaos aya kakiranganana kénéh. Nu hobi cuap-cuap mah lumayan tiasa nyalurkeun bakatna di ékskul broadcast ngalangkungan radio Bhinékas. Sanaos masih aya anggota nu isinan mangsa dipiwarang siaran di studio. Tipsna mah sangkan pédé téh, anggap wé teu aya nu apal lamun mangsa urang salah ucap. Teras kedah sering tampil di payuneun balaréa utamana mangsa di kelas. Tong hilap wawasanana kedah lega, salah sahijina ku cara maca. Miharep kapayunna alat siaranana tiasa langkung saé,” saur Mauly jeung Hélvy.

anggota ekskulRégi, Hélvy, Mauly jeung M. Réfi, penyiar radio Bhinékas nu sok siaran di radio Sonata 94 FM, unggal poé Minggu ti pukul 12.00 nepi ka pukul 15.00.

Kiwari geus lumayan loba anggotana nu wanter siaran. Eta téh teu lésot tina pelatihan nu sok ditepikeun ku penyiar radio Sonata 94 FM. Ampir sabulan sakali sok méré pelatihan. Pa Héru Nugraha, salaku Program Director radio Sonata gé, teu asa-asa umajak ka anggota broadcast SMAN 18, ku cara méré lolongkrang waktu pikeun siaran langsung di radio Sonata 94 FM, radio kapimilik pamaréntah Kota Bandung. Siaranana unggal poé Minggu ti pukul 12.00 nepi ka pukul 15.00. Biasana aya lima penyiar, bagilir.

anely & alliyahAnely jeung Alliyah méré pangdeudeul keur kamajuan radio Bhinekas SMAN 18.

“Ayana radio Bhinékas di sakola téh seueur pisan mangpaatna. Komo pami nuju bété mah, janten kahibur, tiasa kirim salam ogé. Salian ti éta seueur informasina. Komo méméh diajar aya imtaqna, sapertos asmaul husna, siraman rohani Islam. Nasionalismeuna gé kahudang, unggal dinten diputer lagu Indonésia Raya. Mangsa santéy muter lagu nu kekinian, sareng koleksi laguna tambihan. Pokona mah makin maju sareng suksés,” cék Anely jeung Alliyah ti kelas XII-Mia-6. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pengajian Umum Majelis Taklim Ulul Albab Komplek GBI: Ustadz Kondang di tvOne M. Asep Ridwan Sampaikan Ceramah “Menemukan Keberkahan Dalam Kehidupan Sehari-hari”
  • Disdik Jabar-Cadisdik VII: Penerimaan Murid Baru SMA PGRI 2 Bandung Tahun Ajaran 2025/2026 sudah Dibuka, Fokus Siapkan Lulusan Masuk PTN dan Cetak Prestasi Olahraga
  • Making Bed Competition OTC Bali YPKP 2025 Buka Jalan Karier Siswa SMK sederajat Menuju Industri Hospitality Internasional, Ini Daftar Juaranya
  • BBPMP Jabar Gelar Rapat Koordinasi Program Prioritas Kemendikdasmen dengan Pemda dan Disdik se-Jawa Barat
  • OTC Bali YPKP Gelar Making Bed Competition ke-2 antar SMK, Tanamkan Budaya Kerja Profesional dan Standar Internasional
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In