Ti mimiti taun 1999, tanggal 21 Februari ku UNESCO ditetepkeun jadi Poé Basa Indung Internasional. Basa indung téh (bahasa ibu, mother tongue, mother language) nyaéta basa anu mimiti pisan dipaké pikeun komunikasi. Di Indonésia nu kasebutna basa indung téh umumna sok disarebut basa daérah. Ceuk taksiran, basa indung di Indonésia téh kira aya 700 basa.
Kumaha ngurusna atuh? Padahal salasahiji alesan nu matak UNESCO ngahaja netepkeun ayana Poé Basa Indung gé taya lian, sangkan basa indung atawa basa daérah téa ulah nepi ka leungit. Hartina kudu diupayakeun supaya terus hirup. Nya kudu diurus téa.
Sabenerna, lamun nilik kana sajarahna, perkara leungitna basa mah geus mindeng kajadian. Salasahiji contona anu nembrak pisan basa Latin. Jaman Romawi saméméh Maséhi upamana, basa Latin (tangtu jeung tulisanana) jadi basa utama. Ku robahna pajamanan, beuki lila nu makéna beuki ngurangan. Ayeuna mah basa Latin téh ukur diparaké dina perkara husus, utamana waé di lingkungan agama Katolik. Nu masih kénéh lumrah dipaké di mamana, tinggal angkana nu dibasakeunana angka Romawi.
Sabalikna aya sababaraha basa séjén anu nyebar ka sakuliah dunya nepi ka ayeuna. Nu panglobana dipaké téh basa Inggris. Urang Sunda gé apan geus loba anu sapopoéna cas-cis-cus ngomong Inggris.
Di lingkungan PBB, aya lima basa anu dipaké dina acara-acara resmi téh nyaéta basa Inggris, Spanyol, Perancis, Arab jeung Cina. Tinimbanganana, loba nu makéna. Naon sababna nepi ka bisa kitu? Basa Inggris jeung Spanyol aya patalina jeung kolonisasi. Wilayah anu kungsi dikawasa ku Inggris téh kacida legana. Spanyol nya kitu deui. Sakuliah Amérika Latin nepi ka ayeuna basa nasionalna téh basa Spanyol. Basa Perancis gedé pangaruhna dina budaya, ari basa Arab pangaruhna patalina jeung agama Islam. Basa Cina lantaran jumlah nu makéna milyaran.
Kungsi aya nu boga angkeuhan, pajar cenah dina hiji mangsa mah basa Indonésia gé aya kamungkinan jadi basa internasional. Tangtu gumantung kana widang séjénna, lain patalina jeung basana sorangan. Anu tétéla ayeuna, boro-boro makalangan di dunya internasional dalah di nagarana sorangan gé matak salempang. Ngaran hotél, mol, pamukiman umumna henteu maraké basana sorangan. Dalah judul film jeung buku gé apan aya anu maké judul Inggris, di jerona basa Indonésia. Padahal lain tarjamahan.
Ari basa Sunda kumaha atuh? Loba anu ngarasa hariwang. Kahariwangna téh basajan pisan. Basa Sunda geus jadi basa tulisan, basa sastra. Padahal henteu réa basa daérah di urang anu geus boga sastrana deuih. Umumna mah semet jadi basa lisan, pikeun campurgaul sapopoé. Ari beuki dieu, wangun tulisan jeung sastra Sunda téh pikamelangeun cenah. Lamun tina basa tulisan atawa sastra téa robah jadi basa lisan pikeun ngobrol sapopoé, nya turun darajat atuh.
Bisa jadi lantaran jumlahna loba pisan, basa indung atawa basa daérah téh ku nagara teu pati kaurus. Minangka pangjurungna, urus ku pamaréntah daérahna sorangan wé. Kira-kira kitu kawijakanana téh. Di urang upamana, kuduna mah teu kudu melang lantaran geus aya Pérdana. Di sakola gé aya pangajaran basa Sunda téh. Barudak ngora geus loba anu dina campurgaul jeung baturna sapopoé téh ngaromongna dina basa Sunda.
Naon sababna aya kahariwang, sigana mah lantaran basa indung téh bisa disebutkeun teu puguh ka saha ngindungna. Maksudna mah ulah dipercayakeun ka pamaréntah daérah wungkul, atuh. Rupaning upaya di masarakatna sorangan gé sakuduna mah terus dironjatkeun.***