• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Aya Lima Urang Calon Lulusan SMPN 39 Kota Bandung nu Diistrénan ku Pa Ridwan Kamil pikeun jadi Anggota Pramuka Garuda

majalah by majalah
25/05/2017 8:48 AM
in Sora Sakola
0 0
0
Aya Lima Urang Calon Lulusan SMPN 39 Kota Bandung nu Diistrénan ku Pa Ridwan Kamil pikeun jadi Anggota Pramuka Garuda
359
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

kepala smpn 39 kota bandung h. agus komar-majalah sunda soraH. Agus Komar, Kepala SMPN 39 Kota Bandung (poto dokumentasi SMPN 39 Kota Bandung)

majalahsora.com – Sobat Sora, geus ilahar lamun dina ahir taun ajaran sok aya samen. Komo bari jeung aya panggung tur direuah-reuah ku rupa-rupa acara hiburan. Tapi dina taun 2017 ayeuna mah teu kabéh SMP nu pernahna di Kota Bandung ngayakeun acara kasabit, alatan kauger ku aturan nu lumaku.

Saperti nu kaalaman ku siswa kelas IX SMPN 39 Kota Bandung. Acara pelepasanana basajan pisan, taya acara hiburan komo nepi ka masang panggung sagala. Lumangsung poé Rebo, ping 24 Méi 2017, acarana ukur upacara adat  nu dijajap ku anggota ekskul wajib ieu sakola, bari dipirig ku nayaga ieu sakola. Papanganténan nu dijajapna téh, murid awéwé jeung lalaki nu hasil meunang peunteun UAS pang badagna, laju simbolis masrahkeun ijazah.

“Alhamdulillah, acara pelepasan di SMPN 39 Kota Bandung lumangsung lancar. Taun ayeuna mah, acarana benten pisan sareng taun-taun kapengker. Teu aya panggug, teu aya hiburan. Hawatos ari ningal kituna mah, ngarumas. Da aturanana, sakola teu kénging mungut waragad kanggo ngayakeun kagiatan pelepasan siswa kelas IX. Saleresna mah 80 persen siswa kelas IX nu baris lulus taun ayeuna téh, meredih sangkan aya acara pelepasanana kawas taun-taun kapengker. Orang tua murid gé seueur nu ngadeudeul pikeun laksanana kagiatan pelepasan nu ilahar diayakeun di SMPN 39. Sanajan acara pelepasanana sederhana, kagiatanana lumangsung hikmad. Diluuhan ku bapa ibu guru sareng padamel tata usaha,” saur Pa Hidayat, Wakasék Kesiswaan SMPN 39 Kota Bandung.

Jumlah murid kelas IX nu rék lulusna aya 314 urang. Masih dina runtuyan kagaiatan kasabit téh sakalian méré pangajén ka murid nu hasil diistrénan ku Pa Ridwan Kamil pikeun jadi Pramuka Garuda, engkéna baris ngawakilan Indonésia dina Jambore Pramuka tingkat Asean.

“Bapa ngawakilan Pa H. Agus Komar Kepala SMPN 39, nu kaleresan nuju aya pamengan, miharep lulusan ti SMPN 39 Kota Bandung janten siswa-siswi nu sholeh sholéhah, laju kahontal sagala nu dicita-citakeunana, lajeng lebet ka SMA sareng SMK nu dipikahoyong ku aranjeunna. Pengumuman hasil ujian nasionalna baris diumumkeun dinten Juma’ah ping 2 Juni 2017,” saur Pa H. Hidayat nandeskeun deui. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Toteng Suhara Kepala SMA Negeri 1 Nagreg yang Baru Menjabat Langsung Tancap Gas: Dari NGR Gerbang Sekolah hingga Target Nasional
  • Twelve Edufair 2026 Digelar di SMAN 12 Bandung, Hadirkan 22 Kampus hingga Alumni Inspiratif
  • Endi Diana Ruskandi Kepala SMA Negeri 3 Cimahi, akan Tingkatkan Kualitas Sekolah dengan Membangun Pembiasaan Kedisiplinan
  • Special Screening Film Dalam Sujudku di UNJANI Libatkan Rektor, Sarat Pesan Moral tentang Kesetiaan, Pengorbanan dan Keluarga
  • Asep Taryudin Kepala SMKN 11 Garut Diganjar Penghargaan oleh Forum Wartawan Pendidikan Jabar, Dinilai Informatif dan Berdedikasi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In