Sakumaha ditétélakeun dina surah al Baqarah ayat 183, saum téh mangrupa ibadah anu kungsi diwajibkeun ka umat saméméhna. Salasahiji saum sunat dina Islam upamana, saum Daud, saum heuleut sapoé. Nabi Daud téh rajana bangsa Yahudi, putrana Nabi Sulaéman, anu jumeneng jauh saméméh ayana Islam. Hartina, kabiasaan saum Nabi Daud as gé disunatkeun dina agama Islam téh. Dina ayat nu éta kénéh disebutkeun yén pangna diwajibkeun saum téh supaya taqwa.
Dina basa urang sapopoé, aya kecap anu hartina sarua jeung saum, nyaéta puasa. Ceuk ahli basa puasa téh tina basa Sansakerta, basa anu ayeuna dipaké kénéh dina agama Hindu. Boh dina agama Hindu boh dina agama Budha, puasa téh masih kénéh mangrupa sasalahiji kawajiban. Dina Kristen di antarana aya puasa Paskah.
Ceuk ahli kaséhatan saum téh gedé mangpaatna pikeun pencernaan. Salila saum mah pan jelas pisan katangtuanana. Beurangna teu meunang barangdahar nanaon, magrib nepi ka imsak kakara meunang. Boro-boro anu haram dalah anu halal gé salila saum mah dilarang. Lantaran matuh téa, pencernaan ogé jadi puguh pisan aturanana. Lamun biasana barangdahar téh nya beurangna nya peutingna, akibatna pencernaan bisa disebutkeun euweuh eureunna. Terus wé beurang peuting ngagiling. Lantaran pencernaan teratur téa gawéna, getih jadi lancar. Ku lancarna getih, awak jadi séhat.
Pamanggih ahli sosial béda deui. Saum téh nahan lapar sapoé jeput, ti mimiti imsak nepi ka magrib. Di urang umumna lilana téh antara 13 nepi ka 14 jam. Di nagara-nagara Éropah Utara mah bisa nepi ka 16 atawa 18 jam. Ku nahan lapar sakitu lilana, mangkaning sabulan campleng, urang bakal milu ngarasakeun kumaha ari lapar. Ti dinya cenah nu ngaranna solidaritas sosial téh bakal kahudangkeun. Komo deui apan dina Islam mah, teu meunang ngantep tatangga anu kalaparan.
Lamun pirajeunan ngungkaban deui kumaha awal nyebarna Islam di Mekah, bakal tembrés ka saha mihakna dakwah Kangjeng Nabi harita. Dina taréh nu ditulis ku saha waé sarua disebutkeun kumaha bébéakanana Siti Khadijah dina ngadeudeul dakwah carogéna. Khadijah téh ti saméméh nikah ka Muhammad gé (sateuacan diselir jadi Rasul) kaceluk sudagar beunghar. Sanggeus Muhammad narima wahyu sarta nampi paréntah pikeun ngadakwahkeunana ka nu séjén, nu pangheulana nolak téh urang Mekah anu baleunghar jeung baroga kalungguhan. Ari anu narima, umumna mah rayat biasa, malah teu kurang-kurang anu miskin. Ti mimiti harita Khadijah kalawan ikhlas ngaluarkeun harta kakayaanana pikeun maranéhna anu alanyar asup Islam. Komo waktu diboikot ku pihak Qurésy mah, ti mana deui bisa hirup dina kaayaan sagala teu meunang. Mangkaning lain keudeung-keudeung.
Nu arahli kana taréh sapuk nyebutkeun yén pangalaman salila diboikot anu sakitu beuratna téh hakékatna mah minangka latihan jeung ujian nepi ka ahirna kaom muslimin harita mibanda méntal anu kuat, anu pageuh nyekel agamana.
Kumaha ari ayeuna? Meureun kitu kapanasaran nu karasa ku urang-urang téh. Lahiriahna umat Islam ngalaksanakeun saum salila bulan Ramadan téh sarumanget kénéh. Malah lain ngan semet dina saumna wungkul, dina ibadah-ibadah sunat séjénna ogé teu kurang-kurang. Saum taun tukang, keur anyaran mahabuna sasalad Covid-19, salila sabulan campleng umumna mah teu bisa tarawéh. Kitu ceuk aturan nagarana, minangka ihtiar sangkan Covid-19 henteu terus nerekab. Taun ieu, nincak taun kadua tarawéh hadéna di imah baé cenah, lantaran sasaladna can leungit waé.
Ceuk ustad mah bisa jadi ieu téh dodoja ti Allah swt. Pan cenah, kandel ipisna iman téh aya kalana diuji ku dodoja atawa cocoba téa. Kumaha waé ari lahiriahna mah, ngan ka dituna nérosna téh nya dina kaimanan atawa taqwa téa.
Keur urang-urang anu kana agamana bisa disebutkeun lulumayanan, bakal jul-jol akal anu brasna kana debat téa. Moal enya kieu, da lain kitu dina hadisna ogé? Moal enya ku virus sieun?
Jadi ras deui kana anu kaalaman ku Kangjeng Nabi katut umat Islam harita waktu dipaksa kudu néken perjangjian anu ceuk dina babasaanana ngarugikeun ka pihak muslim. Sahabat teu kurang-kurang anu protés, tapi éta perjangjian téh ku Kangjeng Nabi ditéken.
Naha nu saperti kitu anu dibasakeun jadi taqwa téh kitu? Siga ngéléhan padahal hakékatna mah manteng muntang ka Allah swt. Pan tujuan saum téh tujulna supaya urang taraqwa.***