Paléstina téh lemah caina para nabi. Nabi Sulaéman, Nabi Daud, Nabi Yusuf, Nabi Musa, Nabi Isa dibabarkeunana di dinya di nu ayeuna katelahna Paléstina. Pantesna téh tiis tingtrim paripurna. Kanyataanana sabalikna. Nepi ka meuntas abad perang antara Israél jeung Paléstina téh. Bakal nepi ka iraha? Tarékah mah asa kurang kumaha. Malah boh Yasér Arafat boh Shimon Pérés geus diganjar Nobel Perdamaian. Kuduna normal deui kaayaan di Paléstina téh.
Ngan nya kitu, Israélna anu teu daék ngagugu kana hasil babadamian téh. Tapi, moal samata-mata Israél bedegong kitu lamun di tukangna euweuh anu ngadeudeul. Israél téh atuh nagara leutik. Tapi lantaran nu ngadeudeulna jarugala, leutik gé jadi ngalunjak.
Ayeuna mah kaayaan geus kacida kusutna. Anu matak sedih, lamun di pihak Israél beuki kuat, di pihak Paléstina mah kalah sabalikna. Jaman aya kénéh Yasér Arafat, ngan hiji anu ngawakilan Paléstina téh, PLO. Ari ayeuna, aya Hamas, aya Fatah. Jeung teu akur deuih. Kungsi aya béja pajar Hamas jeung Fatah sapamadegan rék ngayakeun pemilu di sakuliah Paléstina. Tapi, sanggeus digempur ku Israél dina waktuna lebaran kamari mah, duka kumaha pijadieunana.
Sanggeus sabagéan gedé wilayah Paléstina dijabel ku Israél, Hamas jeung Fatah téh wilayahna pajauh. Hamas ngalalakon di wilayah Gaza, ari Fatah nyekel kakawasaan di kuloneun walungan Yordan.
Bisa disebutkeun unik bangsa Paléstina kiwari téh. Sanajan mumusuhanana jeung Israél siga moal aya anggeusna, tapi loba anu nyarita cenah teu kurang-kurang bangsa Paléstina anu digarawé di Israél. Partéy Arab Muslim di Israél dina pemilu nu panganyarna téh korsina di parlemén malah nambahan.
Pikeun bangsa Indonésia, Paléstina téh napak dina sajarah kalawan tandes. Mufti Paléstina anu pangheulana ngaku kana kamerdékaan Indonésia. Malah jeung mantuanana sagala. Nu matak meujeuhna lamun nepi ka kiwari Indonésia kaasup nagara anu keukeuh ngarojong sangkan bangsa Paléstina boga nagara sorangan tur diaku ku internasional.
Nu matak sedih téh deuih, dalah nagara Arabna sorangan narungtutan muka hubungan diplomatik jeung Israél. Kaharti lebah dinyana mah. Lain ngan ukur lantaran Israélna beuki weweg boh dina ékonomi boh militér, tapi di tukangeunana ngajegir aya AS. Euweuh hiji gé nagara Arab kiwari anu teu butuh ku Amérika. Dalah Arab Saudi, gumantung pisan ka Washington. Dina sakalina aya konflik antara Paléstina jeung Israél gé, sababaraha nagara Arab milih jempé.
Kumaha pibakaleunana atuh bangsa Paléstina téh? Nilik kana saréatna, Israél téh lain baé geus ngajangélék jadi nagarana bangsa Yahudi, tapi ogé ayeuna mah geus jadi nagara nu pangkuatna di wilayahna. Israél keukeuh embung mundur ti wilayah Paléstina anu direbut ku maranéhanana. Malah boro-boro mikiran arék mundur kalah hayoh ngadegkeun pemukiman anu rohaka tur lega. Geus kitu mah kaharti lamun hésé diajak badamina téh.
Naon anu bisa dipigawé ku bangsa Indonésia pikeun ngadeudeul bangsa Paléstina? Aya anu usul sangkan Indonésia muka hubungan diplomatik jeung Israél. Tujuanana supaya bisa muka dialog anu leuwih inténsip. Tapi, tacan tangtu bakal bisa kitu. Mesir waé anu geus muka hubungan diplomatik jeung Israél puluhan taun lilana, teu kabéjakeun bisa kumaha-kumaha.
Lamun Indonésia hayang ngayakeun dialog jeung pihak Paléstina, kudu jeung saha? Naha jeung pihak Fatah atawa jeung pihak Hamas? Atawa jeung duanana? Sigana, sakali deui ieu mah ceuk urang luar, lamun Fatah jeung Hamas bisa sapamadegan, aya harepan bakal bisa ngayakeun dialog.
Kungsi kaalaman ku Libanon dina taun-taun 1970-an. Ririweuhan euweuh eureunna. Tokoh-tokohna paraséa rupa-rupa masalah. Katambah-tambah ku Israél sababaraha kali dibombardir lantaran cenah jadi panonoban téroris anu anti Israél. Minangka salasahiji tarékahna para pamingpin Libanon anu kapentinganana rupa-rupa téh sapamadegan pikeun ngabagi-bagi kakawasaan. Pihak mana nu jadi perdana mentri, pihak mana nu jadi mentri dalam negri, geus puguh hancenganana.
Fatah jeung Hamas di Paléstina gé sabenerna mah parebut kakawasaan? Naha bakal bisa lamun dibadamikeun, masing-masing boga alasna sorangan? Siga gampang nyaritakeunana, padahal dina prakna mah teu mustahil kalah matak beuki mumusuhan.
Dina émprona, tujulna mah angger ngarojong bangsa Paléstina kudu jadi bangsa anu merdéka. Sabalikna, lamun kaayaanana diantep, nu kasawang téh Israél anu bakal leuwih kumawasa. Piraku kudu nepi ka kitu? ***