Ari mudik dina mangsana lebaran aya contona ti Kangjeng Nabi? Teu aya. Naha atuh mani siga anu dianggap wajib, dibélaan maksa? Ongkoh cenah sagala rupa hayang nyonto ka Kangjeng Nabi. Ih, éta mah atuda sanajan teu kaasup kana ibadah tapi geus jadi adat kabiasaan di urang. Teu aya ti Arabna mémang. Éta mah ciri sabumi cara sadésa, sacarana-sacarana téa.
Pan urang Sunda mah aya babasan, kuat adat manan warah. Aya kalana, diloyogkeun kana anu kurang hadé, tapi sigana mah henteu salawasna kitu.
Contona, nya mudik téa. Ulama di urang ogé henteu nganggap goréng kana éta kabiasaan téh. Di antarana lantaran aya niat silaturahmi, kumpul jeung kulawarga. Ari manjangkeun silaturahmi mah jelas dianjurkeun pisan dina Islam téh. Sabalikna, mun megatkeun silaturahmi kaasup anu dipahing.
Tina kabiasaan mudik téa katémbong yén nu kasebutna ibadah dina agama bisa silih eusian (atawa dimangpaatkeun?) pikeun neruskeun kabiasaan heubeul anu geus nyampak saméméhna. Salasahijina, kabiasaan nadran, nyekar ka kuburan. Ceuk ahli sajarah budaya, nadran téh geus aya ti jaman Majapahit kénéh. Ceuk cenah mah Raja Hayam Wuruk anu maréntahkeunana ogé. Saréréa gé apal, Majapahit, boh Hayam Wurukna boh Gajah Madana, teu kacaturkeun kungsi Islam. Tapi tradisi nadranna mah diteruskeun, malah ayeuna mah geus jadi kabiasaan kaom muslimin di urang. Béh dituna, nadran téh umumna dina usum lebaran. Tapi ayeuna mah nadran pitéréheun puasa ogé geus ilahar.
Jaman téh henteu cameubleu saperti cai anu teu palid, tapi terus robah. Nuturkeun robah-robahna jaman geus jadi kailaharan. Baréto mah nu buukna panjang jeung dianting téh awéwé. Ayeuna mah lalaki gé kitu. Awak-awak K-Pop nu jadi idola kaum nonoman kaasup di urang, sanajan lalaki gé gareulis katémbongna téh. Sabalikna deui, anu sok ditarato awakna téh harita mah lalaki, malah leuwih jauhna deui kelasi. Ayeuna mah teu kurang-kurang awéwé anu awakna ngahaja ditato. Tato ayeuna mah geus jadi bisnis. Nu arahli kana natona ogé disarebut seniman, da mémang kudu boga kaahlian anu husus.
Robahna jaman téh teu bisa dihalangan, komo lamun jolna ti nagara-nagara anu jarugala. Waktu generasi di Amérika Serikat raresep kana break dance upamana, di urang mah dilarang. Nanaonan, kalieur-lieur. Tapi, angger wé loba nu resep jeung narurutan. Barang geus nepi kana waktuna, areureun sorangan. Nepi ka aya anu boga pamanggih, perkara pangaruh budaya anyar mah (umumna disarebut budaya pop) teu kudu dilarang, kacapé-capé. Engké gé mun geus baroseneun mah bakal ditaringgalkeun.
Dina sakalina patalina jeung tradisi agama, mindeng nimbulkeun pabéntar paham. Teu kurang-kurang anu diharamkeun. Sabalikna réa anu dianjurkeun. Upamana waé ngeunaan jilbab. Béh ditu, jilbab tacan jadi kabiasaan di urang. Awéwé ka mamana téh diuntun atawa dikreul. Minangka anu nyantri cukup ku dicindung. Sakalina raresep kana jilbab, pamaréntah kungsi ngahalangan. Mun aya siswi anu ka sakola maké jilbab, bisa dikaluarkeun ti sakolana.
Sanajan dilarang ku pamaréntah, ahirna mah mubah. Ayeuna, jilbab téh geus lumrah, malah geus jadi modeu. Jilbab di urang apan geus jadi bagéan anu penting tina perkara ngageulis. Di nagara batur mah, di nagara-nagara Islam kaasup di Arab Saudi atawa Mesir, teu aya jilbab anu rupa-rupa saperti di urang. Ayeuna, jilbab téh geus jadi bagéan tina bisnis.
Nu ngaranna tradisi jeung modérnismeu salawasna papasangan. Aya anu usum-usuman, aya deui anu lana. Mojang-mojang ayeuna keur usum mamaké beubeur leutik dina cangkéngna. Cenah, taun 1950-an gé di urang téh geus kitu. Geuning ayeuna usum deui? Naha kira-kirana, dina hiji mangsa engké mojang-mojang di urang bakal diaruntun deui?
Matak cenah ari urusan robah-robahna pangaresep mah cukup ku dibandungan wé. Mun resep, milu nurutan. Mun teu resep teu kudu cawadan. Kumaha lamun téa mah dina hiji mangsa engké mojang-mojang di urang cul kana jilbab? Tah, lebah anu patalina jeung agama mah, biasana réaksi ti urangna téh sok rada tarik. Tapi da ceuk tadi ogé, kuat adat manan warah. Saperti nadran jeung mudik anu dipatalikeun jeung ibadah, cukup ku dibasakeun ku ciri sabumi cara sadésa téa.***