• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

11 Urang Lulusan SMKN 8 Kota Bandung Meunang Beasiswa Kuliah ka Cina

Redaksi by Redaksi
11/05/2017 7:57 AM
in Sora Sakola
0 0
0
11 Urang Lulusan SMKN 8 Kota Bandung Meunang Beasiswa Kuliah ka Cina
369
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

SONY DSCDrs. Agung Indaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung

majalahsora.com –  Taun 2017 ayeuna, SMKN 8 Kota Bandung ngaluluskeun 377 siswa lalaki sarta saurang wanoja. Nu jolna ti kompetensi keahlian Teknik Kendaraan Ringan, Teknik Sepeda Motor jeung Teknik Body Otomotif. Dilepasna mangsa acara paturay tineung, nu lumangsung poé Rebo ping 10 Méi 2017. Tempatna di ieu sakola nu pernahna di Jalan Kliningan No. 31 Kel. Turangga, Kec. Léngkong.

SONY DSCAcara sungkeman

SONY DSCNgahiberkeun manuk, simbol yén lulusan SMKN 8 Kota Bandung, kudu ngapung keur ngudag kasuksésan, Pa Suryasa, M.Pd., (acuk bodas) Kasi. Kesiswaan SMK Disdik Prop. Jabar

Diluuhan ku Drs. Agung Indaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung, para Wakasek, Guru, padamel Tata Usaha. Sumping ogé tamu ondangan di antarana; Pa M. Suryasa, M.Pd, Kasi. Kesiswaan SMK Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, Dra. Euis Purnama, M.M.Pd., Kepala SMKN 3 Kota Bandung nu ogé kantos janten Kepala SMKN 8 Kota Bandung, Pa Ramdan, S.Pd., M.Si., Kepala SMKN 6 Kota Bandung, nu kantos janten guru di SMKN 8 Kota Bandung  tur alumni SMKN 8 taun 1981, Dra. Nani Sri Iriyani Kepala SMKN 1 Kota Bandung, nu kantos ngawulang di SMKN 8 Kota Bandung, Komite Sekolah, wawakil ti Polsék Léngkong, orang tua siswa, jsté.

SONY DSCGuru-guru SMKN 8 Kota Bandung

Runtuyan acarana lumangsung kalayan hikmad, ogé euyeub ku pintonan adat tur kasenian Sunda. Salian ti éta aya ogé aya pintonan moderén.  

SONY DSCTim Kasenian SMKN 8 Kota Bandung

Taun ayeuna aya 11 urang lulusan SMKN 8 nu baris miang ka Cina, alatan meunang béasiswa tur ikatan dinas, jadi mangsa lulus kuliah téh langsung diangkat jadi pagawé. Lima urang kuliah di Liuzhou City Vocational College nu gawé bareng jeung PT. Shianghai General Motor Wuling, genep urang deui katarima kuliah di Liuzhou Railway Vocational Technical College.

SONY DSCPa Suryasa, M.Pd., Kasi Kesiswaan SMK Disdik Prop. Jabar, nuju masrahkeun pangajén ka lulusan SMKN 8

Disagigireun éta aya 140 urang nu geus katarima gawé, di antarana di PT. Astra Otopart, PT. Denso Indonésia, PT. Astra Honda Motor, PT. Medion,  PT. Hino Manufacture Motor Indonésia, PT. Federal Nittan Industri, jrrd. Nu katarima kuliah di jalur undanganana aya limaan kabéh ka UPI (Universitas Pendidikan Indonésia).

SONY DSCBu Rahmi Krisdiani, Wakasek Kesiswaan SMKN 8 Kota Bandung

SONY DSC

SONY DSC

Pa Suryasa, M.Pd.,  salaku Kepala Séksi Kesiswaan SMK Disdik Prop. Jabar, reueus nilik 11 lulusan SMKN 8 Kota Bandung nu meunang béasiswa ka Cina, aya nu katarima gawé, ogé kuliah di UPI ngaliwatan jalur ondangan. Miharep hal kasabit téh bisa jadi motivasi keur aranjeunna tur adi kelasna. “Ku Bapa didua’keun mugia lulusan SMKN 8 Kota Bandung mingkin maju tur suksés,” pokna.

SONY DSCBu Euis Purnama, Kepala SMKN 3 Kota BAndung, Kepala SMKN 8 Kota Bandung manten

SONY DSCPa Ramdan, S.Pd., M.Si., Kepala SMKN 6 Kota Bandung, nu kantos janten guru di SMKN 8 Kota Bandung, ogé alumni  SMKN 8 Kota Bandung tun 1981 

SONY DSCDra. Nani Sri Iriyani Kepala SMKN 1 Kota Bandung  (kadua ti kénca), nu kantos janten guru di SMKN 8 Kota Bandung 

Teu tinggaleun Drs. Agung Indaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung gé, miharep lulusan SMKN 8 Kota Bandung taun 2017 téh sagancangna katarima gawé di dunya usaha jeung industri sarta bisa méré hal positif ka masarakat pikeun kamajuan bangsa. [MS]***  

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • ABPPTSI: Deklarasi Dasa Aratula Bandung Tonggak Sejarah PTS & PTN Bisa Sejajar dan Wujudkan Indonesia Maju
  • Kepala SMK Pariwisata Telkom Bandung Bicara Dampak PAPS, Panguatan Program GRAPES & Pancawaluya Pada MPLS
  • Rakernas III ABPPTSI 2025 di Kota Kembang: PTS & PTN Mitra Kolaborasi Manjadi Kampus Berdampak, Siap Go Global Lewat Deklarasi Bandung
  • Disdik Jabar: MPLS SMK Pasundan 4 Bandung Ringkas Namun Sarat Makna, Sekolah Swasta Harap Dukungan Pemerintah
  • Disdik Kota Bandung: 283 Siswa Baru SMP PGRI 10 Bandung Ikuti MPLS Ramah dan Dikenalkan Berbagai Ekskul untuk Meraih Banyak Prestasi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In