• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Kuliner

Manisan Sari Kalapa Maya Sartika Kaolahan Andelan Kabupaten Cianjur

Redaksi by Redaksi
16/12/2015 2:28 PM
in Kuliner
0 0
0
Manisan Sari Kalapa Maya Sartika Kaolahan Andelan Kabupaten Cianjur
437
SHARES
2.6k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Sobat Sora, urang kenalan yu sareng Pa H. Dadang Hamdan. Anjeunna téh salah saurang pangusaha manisan sari kalapa Cianjur  nu suksés. Méméh suksés jiga ayeuna, seueur lalakon nu kaalaman ku H. Dadang. Anjeunna kantos janten padamel di pabrik tur dagang manisan sari kalapa. Kira-kira ti taun 1988 dugi ka taun 1993.

H. Dadang
H. Dadang

 

Nilik gajih nu pas-pasan, anjeunna terus konsultasi ka sepuhna, sangkan bisa maju sacara ékonomi. Harita ku sepuhna dihatéan sangkan usaha ti batan jadi pagawé mah. Usahana mah naon waé, sanajan leuleutikan, nu penting mah leukeun, engké gé bisa mesat.

Bu Atikah garwa H. Dadang
Bu Atikah garwa H. Dadang

 Taun 1994, H. Dadang milih muka usaha nyieun manisan sari kalapa, luyu jeung kaahlian méméhna. Heuleut tilu bulan, ku dinas Perdangangan Kabupaten Cianjur, dititah nyieun mérek dagang, salian ti éta kudu boga ijin ti dinas Kesehatan Kabupaten Cianjur. Tujuanana mah sangkan légal. Harita ku H. Dadang di tedunan, tuluy dimérekan Maya Sartika, nyoko tina ngaran budak cikalna.

Sari kalapa memeh dibungkusan
Sari kalapa memeh dibungkusan

 Basa éta kapasitas produksina kurang leuwih  nyieun sa-ton (1000 kg) manisan sari kalapa. Biasana dina anggang tilu minggu, sari kalapa nu sakitu réa téh kakara béak kajual. Salian ti nyieun sorangan anjeunna gé terjun langsung dagang. Dibantuan ku genep urang nu dagangna téh. Ngajualna ku cara ngasong di jero beus nu aya di terminal Cianjur, baheula mah terminal muka. Malah mun usum pakanci atawa hari besar, sok ngider nepi ka Cipanas Cianjur.

Padamel H. Dadang nuju mungkusan sari kalapa Maya Sartika
Padamel H. Dadang nuju mungkusan sari kalapa Maya Sartika

 Beuki lila usahana beuki maju. Ti mimiti taun 2008, H. Dadang lirén dagang asongan. Da ti harita geus aya distributor, nu daék mangjualkeun manisanana ka toko-toko nu aya di Bandung jeung Jakarta. Salian ti éta ngeusian ka toko-toko manisan nu aya di Cianjur.

Kangaranan ku bisnis, usahana téh kungsi nyilorot. Méméh aya jalan to Cipularang, manisan sari kalapa Maya Sartika, dijual di 30 toko manisan nu aya di Cianjur. Ayeuna mah kari nyésa dalapan toko deui. Najan kitu ladangna mah masih pikahartieun. Ayeuna dina sabulan manisan sari kalapa Maya Sartika bisa kajual leuwih ti opat ton. Ku tarékah nu istiqomah, ayeuna manisan sari kalapa Maya Sartika jadi jugjugan nu meuli oléh-oléh has Cianjur.

Kiwari H. Dadang remen diondang ku pamaréntah Kabupatén Cianjur, boh dina acara formal boh non formal. Ku dinas Perdagangan Kabupatén Cianjur  gé, sok diulem pikeun méré pelatihan ka masarakat nu hayang nyieun usaha sari kalapa. Salian ti Cianjur, pamilon pelatihanana téh aya nu ti Lampung, Nusa Tenggara Timur, jrrd. Malah isrtina Bupati ti Propinsi NTT ngahaja datang ka H. Dadang, hayang apal cara nyieun sari kalapa Maya sartika, pikeun dimekarkeun di ditu.

 “Alhamdulillah manisan sari kalapa Maya sartika tos ka angken ku masarakat. Salah sawiosna bapa tiasa sapertos ayeuna téh teu leupas tina usaha nu keyeng tur du’a ti sepuh. Salian ti éta aya pangdeudeul ti bank BRI Cianjur &Telkom nu maparin modal usaha. Kantos dibantos ku BRI Rp 5 juta. Malih ku Telkom mah ti kawit Rp 5 juta, Rp 10 juta, dugi ka Rp 50 juta. Pangdeudeul ti pamaréntah Cianjur gé kalintang ageungna utamina ti dinas Perdagangan Kabupatén Cianjur, seueur maparin informasi nu mangpaat. Pami ningal kasang tukang bapa nu teu lulus SD, bapa syukuran ka gusti Alloh SWT, tiasa robih nasib bapa téh. Ayeuna tina ladang usaha manisan sari kalapa, tos tiasa ngagaleuh bumi sareng tanah, ngabiayaan putra bapa sakola, Salian ti éta bapa gé tiasa munggah haji, jrrd. Malih ayeuna mah bapa tiasa ngagajih karyawan. Pesen ti bapa urang téh tong pelit masihan élmu. Mangga diantos ka Sobat Sora nu hoyong apal kana cara ngadamel sari  kalapa tiasa sumping ka Cianjur,”  saur H. Dadang.

Sari kalapa Maya Sartika
Sari kalapa Maya Sartika

H. Dadang nikah ka Ibu Atikah, ayeuna tos kagungan opat putra, nya éta Maya Sartika (24 taun), Yuni Sri Mulyani (18 taun), Wulan Sari (12 taun) sareng nu bungsu Lucky Nur Hakim (9 taun). Putra nu kahijina ayeuna tos lulus sarjana, aya rencana neruskeun kuliah S-2. H. Dadang miharep palaputrana sakola nu luhur, sangkan jadi jalma pinter tur saruksés, amin! [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Cukup Bayar Rp 68 ribu untuk Buka Bersama Ala Buffet di Horison Karang Setra
Kuliner

Cukup Bayar Rp 68 ribu untuk Buka Bersama Ala Buffet di Horison Karang Setra

by Redaksi
29/05/2018 11:01 AM
Hanya Rp 125 ribu/orang Buka Bersama Ala Buffet di Mercure Bandung City
Kuliner

Hanya Rp 125 ribu/orang Buka Bersama Ala Buffet di Mercure Bandung City

by Redaksi
20/05/2018 7:33 PM
The Boxes Gerai Kuliner Agnez Mo Hadir di Bandung
Kuliner

The Boxes Gerai Kuliner Agnez Mo Hadir di Bandung

by Redaksi
11/02/2018 9:13 PM
Dominos Pizza Buah Batu: Cukup Bayar Rp 60 Ribuan, Rasakan Nikmatnya Sensasi Lelehan Saos Keju Pada Burst Pizza
Hot

Dominos Pizza Buah Batu: Cukup Bayar Rp 60 Ribuan, Rasakan Nikmatnya Sensasi Lelehan Saos Keju Pada Burst Pizza

by Redaksi
06/01/2018 9:44 AM
Wingstop 23 Paskal Shopping Center Bandung: Cukup bayar Rp 30 Ribu-an Bisa Rasakan Sensasi Kenikmatan Olahan Daging Ayam Berkualitas Tinggi
Hot

Wingstop 23 Paskal Shopping Center Bandung: Cukup bayar Rp 30 Ribu-an Bisa Rasakan Sensasi Kenikmatan Olahan Daging Ayam Berkualitas Tinggi

by Redaksi
02/12/2017 9:33 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • ABPPTSI: Deklarasi Dasa Aratula Bandung Tonggak Sejarah PTS & PTN Bisa Sejajar dan Wujudkan Indonesia Maju
  • Kepala SMK Pariwisata Telkom Bandung Bicara Dampak PAPS, Panguatan Program GRAPES & Pancawaluya Pada MPLS
  • Rakernas III ABPPTSI 2025 di Kota Kembang: PTS & PTN Mitra Kolaborasi Manjadi Kampus Berdampak, Siap Go Global Lewat Deklarasi Bandung
  • Disdik Jabar: MPLS SMK Pasundan 4 Bandung Ringkas Namun Sarat Makna, Sekolah Swasta Harap Dukungan Pemerintah
  • Disdik Kota Bandung: 283 Siswa Baru SMP PGRI 10 Bandung Ikuti MPLS Ramah dan Dikenalkan Berbagai Ekskul untuk Meraih Banyak Prestasi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In