Pa Apéh Sumarna, S.Pd., Kepala SMP Pasundan 6 Kota Bandung sareng Pa Adang nuju diskusi
Sumur Bandung – Poé Saptu pabeubeurang (2/7/2016) majalah Sora ulin ka SMP Pasundan 6 Kota Bandung. Ieu sakola perenahna di Jalan Sumatera 41. Harita nempo kagiatan PPDB-na. Dina taun ajaran 2016-2017 baris muka kelas unggulan. Rencanana rék muka dua kelas. Ari kelas régular mah aya opat kelas. Siswa per-kelasna nya éta 36 urang.
Naon waé fasilitas kelas unggulan téh, di antarana: rohang kelas AC, bangku saurang hiji, disadiaan cai galon jeung dispenser, jam diajarna ti isuk-isuk nepi ka pukul 14.00, leuwih lila sajam satengah ti batan kelas regular, jeung salian ti éta.
Bu Diah (katuhu) nuju sibuk janten panitia PPDB
Pa Suhana, TU SMP Pasundan 6 Kota Bandung
“Ayeuna di SMP Pasundan 6 Kota Bandung, mitembeyan muka dua kelas unggulan. Insya Alloh kapayunna mah walatra sanes kelas unggulan deui tapi tiasa janten sakola unggulan,” saur Pa Apéh Sumarna, S.Pd., Kepala SMP Pasundan 6 Kota Bandung.
Bu Tita sareng Teh Syifa, nuju ngadaftarkeun putrana lulusan SDN Griba 5 Kota Bandung ka kelas unggulan SMP Pasundan 6 Kota Bandung
Majalah Sora harita hasil ngawawancara Ibu Tita, orang tua siswa nu ngadaftarkeun putrana ka kelas unggulan SMP Pasundan 6 Kota Bandung, saur anjeunna, nu jadi margalantaran nyakolakeun putrana ka SMP pasundan 6 téh pédah sakolana saé bari jeung biayana terjangkau. [MS]***