Drs. Dadang Yani Zakaria, Kepala SMAN 4 Kota Bandung
Andir – Senén, (27 Juni 2016) pabeubeurang majalah Sora ngadongdon ka SMAN 4 Kota Bandung, perenahna di Jalan Gardujati 20, Kelurahan Kebon Jeruk, Kecamatan Andir. Ngaliput kagiatan PPDB (Penerimaan Siswa Didik Baru) taun ajaran 2016-2017, jalur akademik. Harita keur haneut-haneutna nampa pendaftar calon siswa anyarna.
Pa Muhammad Dedi Rohaedi, S.Pd., Sekretaris PPDB SMAN 4 Kota Bandung
Dra. Riatinda, M.M.Pd., Waka. Humas
Bu Rani Patriani, S.Pd., S.E., Ketua PPDB SMAN 4 Kota Bandung
Kaayaan SMAN 4 Kota Bandung nu ayeuna dipingpin ku Drs. Dadang Yani Zakaria téh, katempo leuwih hégar. Méméh asup ka sakola urang geus disuguhan ku taman nu dipelakan rupa-rupa tutuwuhan. Bras ka jero koridor, luhureunana ngajajar paralon panjang, dipelakan tutuwuhan nu ngambay ka handap. Komo dilapang mah réa pisan jenis tutuwuhanana téh, katambah lapangan nu kakara dicét, katempo apik ngadumaniskeun warnana, matak geunah nu nempo. Kuloneun sakola gé aya green house anyar keur kagiatan prakték lingkungan hidup.
“Ngahaja kaayaan lingkungan sakolana ditata deui. Ayeuna mah langkung seueur pepelakan. Supados seueur sumber oksigén nu seger. Mangpaatna kalintang pentingna kanggo diri urang. Salian ti éta tatahar kanggo mayunan adiwiyata propinsi,” kitu saur Pa Dadang téh.
Tempat kagiatan PPDB di SMAN 4, nempatan tilu tempat. Di salah sahiji rohangan pendaftaran katempo ngajajar komputer, di antarana keur nempo titik kordinat. Samalah aya hiji monitor touch screen badag, éta monitor téh dipaké pikeun nempo kuota tina data online, jeung informasi séjénna. Ti dinya tuluy ka koridor jeung ka aula. Di aula, dipariksa deui sagala rupa kalengkepan datana.
Taun ayeuna SMAN 4 baris nampa siswa anyar keur sapuluh kelaseun. Dina jalur non akademik siswa nu katarimana téh aya 103 urang, ngawengku jalur rmp 72 urang, préstasi 18 urang sarta undang–undang guru 13 urang.
Pendaftaran akademis di buka ti tanggal 27 juni nepi ka 30 Juni 2016. Pelayanana lumangsung ti pukul 08.00 nepi ka pukul 14.00. Langsung di upload data nu daftarna téh. Taun kamari ném dalam wilayah niléy terendahna aya di angka 334,5, gabungan wilayah diangka 354 sarta luar wilayah diangka 354,5.
“Harepan Ibu mudah-mudahan ku sisitem PPDB taun ayeuna, tiasa langkung ngaakomodir sadaya lapisan masarakat,” kitu saur Dra. Riatinda, M.M.Pd., Waka. Humas.
Dina hal waktu, PPDB sakola negri taun ayeuna kawilang nyedek teuing kana poé lebaran. Eta wé pangumanana sapoé méméhna. Alatan kitu loba SMA/SMK swasta nu gegebegan, hariwang kakurangan siswa anyar.
“Alhamdulillah SMAN 4, ngulem ka SMA/SMK swasta kanggo promosi atanapai masihan informasi ka orang tua siswa, supados aruningaeun pami teu katampi di negri tiasa milih sakola swasta nu luyu sareng kahoyongna. Salah sahiji nu dipasilitasina nya éta SMA Pasunda 4 Kota Bandung,” saur Pa Dadang mungkas obrolan. [MS]***