Drs. Iwan Setiawan, Kepala SMAN 18 Kota Bandung, ngadeudeul sangkan Jabar Kahiji
Bojongloa Kalér majalahsora.com – Dina raraga ngawartakeun siap henteuna SMA/SMK nu baris ngalaksanakeun UNBK taun 2017, Majalah Sora ngahaja ngadongdong ka sababaraha sakola. Salah sahijina ka SMAN 18 Kota Bandung, nu aya di Jalan Madésa, Kopo, Kecamatan Bojongloa Kalér, nepangan Drs. Iwan Setiawan, Kepala Sekolahna.
Pa Iwan ngajéntrékeun yén SMAN 18 Kota Bandung siap ngalaksanakeun UNBK taun 2017. Sacara teknis jeung infrastrukturna geus nyukupan. Kari jumlah komputerna wungkul nu kurangna téh. Kiwari SMAN 18 geus boga 80 unit komputer. Waragadna tina duit komite sekolah tur BOS pusat.
Lamun kudu minuhan syarat UNBK ,nya éta sakola kudu boga komputer minimal 1/3 ti jumlah siswa, hartina SMAN 18 Kota Bandung kudu nyadiaan 1/3 komputer ti 357 siswa kelas XII. Jadi kudu aya kira-kira 140 unit, kaasup jeung komputer cadanganana. Nilik kana éta hal sakola kudu nyiapkeun 60 unit komputer deui. Rencanana rék nyéwa ka vendor baé, keur ngawewegan jumlah komputerna téh.
Pa jajang Sonjaya, Waka Kesiswaan SMAN 18 Kota Bandung
“Ti béh ditu mula, SMAN 18 tos ngararancang ujian tanpa keretas, sateuacan aya gembar gembor SMA/SMK kedah ngalaksanakeun UNBK dina taun 2017. Malih basa, ngawitan taun ajaran 2016-2017, tos disosialisasikeun dina sawala sareng orang tua siswa kelas XII. Di payuneun aranjeunna didadarkeun sadaya program sakola, sareng naon-naon baé tarékah sakola nyiapkeun siswa kelas XII dina mayunan ujian nasional. Tur masalah nu disanghareupan ku sakola,” saur Pa Iwan, daria.
Waragad keur nyéwa komputerna téh, rék maké duit tina dana PMU (Pendidikan Menengah Umum). Eta téh hasil rapat jeung Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. Kurang ti Rp. 1 juta biaya séwa sa-unit komputer salila sabulanna téh. Pihak sakola gé keur ngupayakeun jaga éngké mah boga komputer kapimilik sorangan, nu jumlahna kurang leuwih 140 unit.
Pa Iwan Inarwan, S.Pd, Ketua kagiatan pemantapan siswa kelas XII SMAN 18 Kota Bandung
Salian ti nyiapkeun sarana jeung prasaranana, sakola gé terus mekelan siswa kelas XII-na sangkan pédé boh dina kasiapan mentalna boh dina kasiapan ngawasa materi pelajaranana. Keur nguatkeun mentalna, sakola ngahaja ngondang motivator ti ESQ cabang Jawa Barat. Kagiatan ESQ-na lumangsung ti tanggal 20 nepi ka 24 Januari 2017, tempatna di Kampus SMAN 18 Kota Bandung. Kagiatanana dibagi dua pluh, masing-masing kabagéan dua poé sewang. Di training kecerdasan intelektualna, kecerdasan emosionalna, jeung spritualna, nu ngamuara kana hiji tujuan, nya éta salaku jalma mah kudu yakin kana kakawasaan Alloh SWT, dipiharep jadi jalma nu paripurna.
Mun jam tambahan diajar mah, ditepikeun unggal poé Saptu, keur mata pelajaran nu diujikeun. Eta kagitan téh geus bajalan ti bulan Séptémber 2016. Teu dipungut biaya, geratis. Salian ti éta, siswa kelas XII-na dibére buku latihan UN ti sakola.
Tata usaha SMAN 18 Kota Bandung, salah sahiji komponen sakola dina nyukseskeun pelayanan prima di SMAN 18 Kota Bandung, sangkan Jabar Kahiji
“Kanggo mayunan UNBK taun 2017, siswa kelas XII, disiapkeun ti anggangna kénéh. Sakola gé mekelan siswa kelas XII ku kagiatan ESQ, jaga lamun tos lulus gaduh sikep nu hadé ahlaqna, tur jadi manusa nu mangfaat keur balaréa. Kitu ogé dina hal pelajaran nu diujikeun, ku sakola dipasihan jam belajar tambahan unggal dinten Saptu, éta téh minangka tarékah sakola kanggo masihan pelayanan terbaik,” saur Pa Iwan téh.
Keur latihan ujian UNBK, sababaraha waktu ka tukang SMAN 18 Kota Bandung ngalaksanakeun simulasi UNBK, soalna langsung ti Puspendik. Rencanana dina ahir Pébruari 2017, rék aya simulasi UNBK deui. Nu pamungkas mah geladi bersih UNBK, Maret 2017. Di sagigireun éta rencanana masih dina bulan Pebruari, SMAN 18 gé rék ngayakeun try out, di 10 kelas nu geus di fasilitasan ku sistem jaringan nu hadé.
Majalah Sora gé hasil ngawawancara siswa kelas XII SMAN 18 Kota Bandung, nanya kasiapan maranéhna dina kagiatan UNBK. “Persiapanana, tos diajar ti ayeuna, sapertos latihan soal tina buku nu dipasihan ti sakola, pemantapan di sakola sareng latihan soal di bumi ngalangkungan internet. Kaleresan sim kuring duaan teu ngiringan bimbel, tos cekap diajar di sakola sareng di rorompok,” ceuk Erlani jeung Vera.
Erlani & Vera siswa kelas XII SMAN 18 Kota Bandung
Salian ti dipaké keur kagiatan UNBK internal, ogé aya sakola nu baris nginjeum tempat jeung fasilitas SMAN 18, nya éta SMPN 33 Kota Bandung nu baris ngalaksanakeun UNBK. Samalah aya sakola nu rék bareng ngalaksanakeun UNBK di kampus SMAN 18, nya éta SMA Swadaya nu nginjeum hiji rohangan tur jaringanana.
Upaya SMAN 18 Kota Bandung dina méré pelayanan prima ka masarakat kalintang dariana, sakumaha nu didadarkeun di luhur. Sanajan tetep masih aya kakurangan, ku kituna saprak dikokolakeun ku Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, sakola miharep bantuanana, boh materil, boh spirituil.
Aya sababaraha hancaeun pangwangunan di SMAN 18 Kota Bandung téh, nya éta mémérés kantin, wc, jrrd. Ku kituna Pa Iwan salaku pupuhu SMAN 18 Kota Bandung tur Ketua MKKS SMA sa-Bandung Selatan téh, kalintang bingahna lamun dinas pakait, bisa ngupayakeun bantuanana. “Mudah-mudahan atuh ku pelayana prima dina widang pendidikan hususna, tiasa ngawujudkeun Jabar Kahiji,” kitu saur Pa Iwan tandes! [MS]***