Majalah Sora|Wednesday, March 20, 2019
You are here: Home » Serba Serbi » Sakola!

Sakola! 

Ku: Asep Maung/Aa Maung Aktivis Nu Paduli Kana Kamajuan Atikan

asep maung gebyar puisi sundaAsep Maung, (katuhu) dina kagiatan meupeuskeun rekor MURI ‘Gebyar Puisi Basa Sunda’, Saptu 20/10/2018 di Gedong Sate, Bandung

Minangka Sarana nu ngokolakeun lampah, geusan ngahontal sajatina martabat kamanusaan anu unggul, poténsial kalayan berdaya saing, tangtuna didadasaran ku adab sinareng adat micinta ka lemah caina, nusa persada bumi Pertiwi. Karang banjar pamidangan, bali geusan ngajadi.

Niténan kajadian, kiwari dunya atikan dirungrum ku rupa-rupa polemik, nu can karuhan kamana alang ujurna, katalimbeng dina sistem nu gegetun, can ka teuleuman kumaha ngadongkangna.

Ngigelan jaman mémang sesebutan istilah nu ilahar pikeun sakabéh insan di dunya, sakur nu boga karep ngeusian robahna alam kahirupan ku karya nu pinuji, pibakaleun ngahontal taraf kahirupan anu mulya tur aya ajén tutas nyorang mangpirang cocoba hirup.

Élmu nu jadi pangudagna, pikeun ngadongkrak sagala rupa harungan héabna globalisasi, nu nyongkab lir Srangéngé nu matak sérab tur mentrang perang sabil jeung tiisna pépéling kasucén nu sumeleber jeroning diri.

Kanyataan teu bisa disinglar, pada butuh ku undakan élmu ti saban balé atikan. Sakawit dititénan tina lobana lembaga pendidikan nu ukur nampa sababaraha kalangan nu pangeusina liwat ti ekonomi mampuh nu antukna loba tempat atikan nu tinggaleun ngokolakeun sarana jeung kualitasna. Balukar tina ayana sorotan ngabéda-béda ukuran kulat canggeum kolot nu nyakolakeunnana.

Dina ngungkulan paradigma éta, horéng teu gampang ngaropéana, patali masih loba oknum nu ngarah ngarindah jual-beuli korsi kuota peserta didik, malibir jalan ka dapur dipalar aya kacindekkan sagancangna, jadi kareueus wiréhna budak tumaninah katampa.

Pasualan séjén kaya-kayaning kenakalan remaja, sumebarna narkotika, phsycotropica jeung zat adiktif, ogé kasus human traficking, pernikahan dan perceraian dini ogé jadi bahan pieunteungeun, sangkan sagancangna dikokolakeun ku sistem pendidikan regional/rayon.

Aya hadéna, jarak tempuh peserta didik ka sakola minangka balé atikan formal bisa leuwih kaaping-kajaring ku peran orang tua siswa, nu miboga kawajiban ngadidik tangtuna leuwih lega batan jam belajar ti peran ais pangatik (guru) nu aya di sakola.

Kahanjakal, ngalakonan ieu sistem perlu adaptasi dina waktu nu lain singget, sedeng waktu nyanghareupan tahun ajaran baru kalintang samporétna, antukna pikeun nyumponan prosedur jeung pasaratan PPDB (Penerimaan Peserta Didik Baru) nu anyar, pihak calon siswa jeung kolotna pohara pisan kapidangdung, kadungsang-dungsang nohonan aturan.

Antukna kabolér rentas pangharepan, taya solusi nu pasti yén kahayang siswa tacan saluyu jeung nu dipikaharep, pulang anting ukur hasil karungsing, bangku sakola duka téh teuing béak ‘dihakan’ kusaha.

Rinyuh jeung oknum nu ngarinyuh, pasuliwer ngahalang-halang majuna generasi bangsa. Sanajan tujuan sistem nu mulya, palangsiang keur nu ngalakonan jeung penyelenggara sarana séwang-séwangan bangun parebut paisan kosong, budak mah bati olohok.

Sajéntréna, ieu sistem kudu dipiwanoh ku sakur kolot jeung wali ti anggalna mula, sangkan teu katuralengan awahing sérab ku kingkilaban. Mugia ajén pendidikan nasional langkung ngaronjat hasilna, bari teu ngahésékeun rahayat nu teu sarua kamampuh jeung kahayang ngagedékeun budakna, sangkang Pendidikan enya-enya karasa walatra keur ‘Mencerdaskan Bangsa’.***