Dr. Asép Tapip Yani, M.Pd., Kepala SMKN 4 Kota Bandung nu anyar
Sobat Sora, ping 10 Méi 2016, Sora ngahajakeun silaturahmi jeung kepala SMKN 4 Bandung, Dr. Asép Tapip Yani, M.Pd. Ku lantaran perbawana anu kalem jeung nyantéy, ngobrol gé teu perlu resmi ngadon bari mapayan buruan sakola.
Dr. Asép anu linggih di wewengkon Cingised-Arcamanik mrogramkeun kagiatan sakolana ngawengku kana pangwangunan ngabebenah infrastrukturjeung ngaoptimalkeun prosés pengalihan rohang manajemén.
Kelulusan UN-na ngaliwatan web SMKN 4 Kota Bandung
Motto heubeul anu jadi tatapakan sakola cangkinganana ku selogan Ma’rifat, Maju Dan Memberi Manfaat. Sawatara slogan heubeul mah KUAT (Konsisten Ulet Agamis & Terampil) jejeg wéh KUAT MA’RIFAT. Silokana mah, mun geus kuat, mibanda kamampuhan mangka hadé kudu mesat nebarkeun kamangfaatan keur papadaning hirup kumbuhna manusa, umumna sakeur sadaya mahluk Alloh. Lantaran ma’rifat téh tingkatan kaimanan anu geus teu kalalangséan ku ruruba duniawi éstuning parek jeung deuheus ka Gustina. Asal ti Alloh, bareng jeung Alloh, mulang ka Alloh.
Harepan Dr. Asép ka hareupna geusan bisa nganggeuskeun (ngangsitkeun) program pangwangunan dina sagala widang. Ieu program ditataharkeun tepi ka bulan Juni 2016. Dina pengumuman UN taun 2016 ayeuna, SMKN 4 Kota Bandung téh, hiji-hijina sakola anu bisa nampa béwara kalulusanana ngaliwatan internet, kari muka web sakola, tur ngasupkeun id, siswa séwang-séwangan. [MS]***