Pa Dadang, Kabag. Tata Usaha SMAN 1 Margaasih, Kabupaten Bandung
majalahsora.com, Kab. Bandung – Kacida bungahna pagawé non PNS di lingkungan SMAN 1 Margaasih nu dipingpin ku Drs. Dayat Hidayat téh, alatan taun ayeuna meunang gaji ka-13, nu geus dianti-anti.
Dibagikeunana poé Kemis 22 Juni 2017. Nu nampana téh guru honor aya 19 urang jeung tata usaha honorer aya 12 urang.
“Alhamdulillah, aya kanggo bekel lebaran 1438 H. Nembéan guru honorér sareng tanaga tata usaha honorer nampi gaji ka-13 ti pamaréntah. Ieu buktos perhatosan serius ti pamaréntah, hususna Pamaréntah Propinsi Jawa Barat, ngalangkungan Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat nu dipupuhuan ku Pa Ahmad Hadadi, sim kuring ngawakilan pihak SMAN 1 Margaasih, ngahaturkeun réwu nuhun,” saur Pa Dadang, Kabag. Tata Usaha SMAN 1 Margaasih.
Ku aya perhatian ti pamaréntah téh, Pa Dadang miharep étos kerja tanaga non PNS di SMAN 1 Margaasih hususna, tur Jawa Barat umumna nu aya dina papayung Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat téh, beuki ngaronjat . [SR]***