majalahsora.com, Kota Bandung – Munding Dongkol yasana (naskah-sutradara) Hermana HMT, S.Sn, produksi pakumpulan teater Bandungmooi magelaran di CCL (Celah-celah Langit) Jalan Setiabudi, tukangeun Terminal Ledeng Bandung (25/9/2017).Kagiatanana dina raraga ngareuah-reuah milangkala Kota Bandung nu ka- 207. Ogé sakalian sukuran poéan ngadegna Bandungmooi nu ka-21. Acarana meunang pangbagéa ti para mahasiwa jeung masarakat seni Bandung.
Anggota Bandoengmooi ti sagala profesi
Munding Dongkol, cék Hermana, mangrupa siluman cai, mitos Bandung, nu sok ngajirim dina mangsa usum gedé cai, galak sok nyilakakeun jalma nepi maotna. Rék percaya atawa henteu, kungsi dina hiji mangsa babaturanana diuudag Munding Dongkol nalika keur guyang di walungan pasosoré. Tapi nu nyata Munding Dongkol kiwari mah taya lian simbul kokotor (limbah) pabrik nu matak pibahlaeun jelema.
Munding Dongkol jirimna limbah Industri
Tema-tema Bandoengmooi, memang teu lésot ti masalah sosial jeung lingkungan hidup nu aya di Bandung, Cimahi, Kabupaten Bandung jeung di sakuliah Indonesia.
Bandoengmooi téh hartina Bandung éndah, “Sim kuring saparakanca hoyong ningal Kota Bandung salawasna éndah matak betah, soméah hadé ka sémah. Tah pami aya pasualan pasti bakal dikiritik, nya ku tema-tema kasenian. Da sim kuring saparakanca mah berjuangna gé ku kasenian. Sapertos ayeuna lahan tilas Palaguna nu nuju riceuw, saéna mah nya dijantenkeun “Hutan Kota” ulah diwangun ku wangunan beton deui. Tangtos ageung mangpaatna kanggo balaréa ti batan nguntungkeun pangusaha jugala. Kitu deui Bandung banjir cileuncang, caah déngdéng téh kumargi wewengkon KBU (Kawasan Bandung Utara) digadabah dijantenkeun perumahan elit,” kitu cék seniman wedalan Jurusan Teater STSI (ISBI) Bandung ka majalahsora.com.
Riwayat Singget Bandoengmooi
Bandoengmooi (BM) téh komunitas seni nu ngadeg tanggal 26 September 1996. Nu digagas ku Aendra H. Medita (wartawan/seniman), Dodi Rosadi (seniman) jeung sababaraha palaku seni lianna di Bandung. Bandoengmooi mitembeyan medalkeun programna ku ngayakeun pameran lukisan yasana Rosyid (taun 1996).
Mangsa bangsa urang keur harénghéngna ku pulitik orde baru nu ngabekem sora pers, taun 1997 kalayan rerencepan BM ngayakeun diskusi kebebasan pers jeung pers mahasiswa Indonesia. Dina taun éta kénéh, BM geus wani magelarkeun Teater Monolog “Terkapar Aktor” karya Hermana HMT jeung Brehoh yasana Aendra H. Medita.
Dina mangsa taun 1998 nepi ka kiwari, BM remen mintonkeun pagelaran teater boh tradisonal (longsér) boh moderén. Anggota wedalan BM nu kacatet di antarana; Rina Nose (maen di “Raja Mati”), Mr.Jun (Junjun), Ceu Popon Kodrat, jeung réa-réa deui. Profesi pamaénna gé rupa-rupa ti mimiti pelajar, mahasiswa, dosén, pulisi, pagawé ritel, pasapon (cleaning service), nepi ka panganguran gé aya.
Ngajual munding digenti ku traktor
Kiwari BM diaping ku Hermana kalayan anggota aktifna 50 urang. Hermana terus numuwuhmekarkeun latihan-latihan longsér, teater moderén, ngibing, seni helaran bangbarongan, upacara adat hajat cai saban taun minton di tengah-tengah bulan Juni-Agustus. Haneut kénéh, basa tanggal 30 September-1 Oktober 2017, magelarkeun longsér di Pendopo DPRD Kota Cimahi kalayan dipasilitasan ku direktorat kesenian.
Kasingsaha baé, Bandoengmooi narima nu hayang aub maén teater/longsér jeung sajabana, “Sumping wé ka sekretariat di Babakan Loa, Gunung Batu, sisieun tembok Setraduta Cimahi atawa ka Gedung Indonesia Menggugat (GIM) di Jalan Tentara Pelajar gigireun Babakan Ciamis Viaduct Bandung. “Geratis sareng bebas larsup teu diwatesanan, pendaftaranana téh,” kitu cék Hermana mungkas wangkongan. [Asep GP]***