Drs. Iwan Setiawan, Kepala SMAN 18 Kota Bandung.
Bandung – Tanggal 24 April 2016 katompérnakeun, SMAN 18 Kota Bandung ngadegkeun ékstrakurikulér broadcast. Diresmikeun ku Ibu Atalia Kamil, garwana Walikota Bandung nya éta Bapa Ridwan Kamil. Tujuanana ékskul broadcast ngadeg téh keur ngawadahan bakat para siswana dina widang penyiaran jeung présénter. Ieu ékskul ayeuna diaping ku Dra. Sofi Anggriawati.
Pelatihan Broadcast di SMAN 18 Kota Bandung ti radio Sonata 94 FM.
Kasang tukangna téh, bulan Désémber 2015, basa perwakilan siswa jeung sakola diundang ka radio Sonata 94 FM, dina acara profil SMAN 18. Laju ku Pa Héru Nugraha, Program Director radio Sonata dihatéan sangkan aya éta ékskul broadcast di ieu sakola.
Pelatihan Broadcast di SMAN 18 Kota Bandung ti radio Sonata 94 FM.
Drs. Iwan Setiawan, salaku Kepala Sekolah SMAN 18 Kota Bandung teu asa-asa ngawujudkeun ékskul broadcast aya di sakolana. Laju nyieun studio radio mini, perenahna deukeut rohang guru. Diaranan wé Bhinékas pamasihan ti Ibu Hj. Rita, Kepala Bidang SMA/SMK Dinas Pendidikan Kota Bandung manten. Bhinékas téh hartina kréatif.
Pelatihan Broadcast di SMAN 18 Kota Bandung ti radio Sonata 94 FM.
Sanajan pakakas siaranana masih basajan, tapi geus lumayan keur mitembeyan siswana siaran mah. Ayeuna anggotana kurang leuwih aya 50 urang, sanajan nu aktifna mah kurang ti éta. Diketuaan ku Mauly, kelas XII-IPS-IV, ieu siswi nu capétang téh, ogé sok siaran di radio Ninetyniners Bandung.
Jadwal siaran radio Bhinékas ti poé Senén nepi ka Juma’ah, méméh diajar ti pukul 06.00 nepi ka pukul 06.30 jeung mangsa istirahat, ti pukul 09.40 nepi ka pukul 10.00. Unggal poé jejer siaranana téh béda-béda, kanyaning poé Senén nginformasikeun dunya atikan tur bewara UTS, UAS, jsté. Poé Salasa ngeunaan tips-tips. Poé Rebo Haat, hadé haté, ngeunaan kasundaan, atawa budaya deungeun, muterkeun lagu-lagu Sunda, jsté. Poé Kemis BnB, ngeunaan basa jeung biografi tokoh-tokoh nu ngainspirasi sarta poé Juma’ah, Rohjas ngeunaan kaislamaan jeung olah raga (saminggu sakali). Siaranana di sambungkeun kana spéker nu geus aya di unggal kelas.
Gaya Mauly mangsa siaran di radio Bhinékas SMAN 18 Kota Bandung.
Bhinekas radio inspiring for education, mangse yo, kitu call id atawa bubuka siaranana téh. Biasana salian méré informasi nu haneut kénéh, penyiarna sok muterkeun lagu nu keur dipingandrung ku rumaja ayeuna, boh nu basa Indonésia boh nu basa deungeun. Biasana mah sok aya request/paménta lagu ti siswa. Salian ti éta sok aya kirim-kirim salam, kumaha wé radio papada umumna. Maangsa nutup acara penyiarna téh, sok ngomong Think smart think positive and be Bhinékas. Basa Sora ngabandungan, resep ngadanguna gé, kayungyun pokona mah.
Hélvy salah sahiji penyiar favorit di radio Bhinekas SMAN 18 Kota Bandung.
“Alhamdulillah panampian ti réréncangan ka eksklul broadcast utamana radio Bhinékas saé. Sanaos aya kakiranganana kénéh. Nu hobi cuap-cuap mah lumayan tiasa nyalurkeun bakatna di ékskul broadcast ngalangkungan radio Bhinékas. Sanaos masih aya anggota nu isinan mangsa dipiwarang siaran di studio. Tipsna mah sangkan pédé téh, anggap wé teu aya nu apal lamun mangsa urang salah ucap. Teras kedah sering tampil di payuneun balaréa utamana mangsa di kelas. Tong hilap wawasanana kedah lega, salah sahijina ku cara maca. Miharep kapayunna alat siaranana tiasa langkung saé,” saur Mauly jeung Hélvy.
Régi, Hélvy, Mauly jeung M. Réfi, penyiar radio Bhinékas nu sok siaran di radio Sonata 94 FM, unggal poé Minggu ti pukul 12.00 nepi ka pukul 15.00.
Kiwari geus lumayan loba anggotana nu wanter siaran. Eta téh teu lésot tina pelatihan nu sok ditepikeun ku penyiar radio Sonata 94 FM. Ampir sabulan sakali sok méré pelatihan. Pa Héru Nugraha, salaku Program Director radio Sonata gé, teu asa-asa umajak ka anggota broadcast SMAN 18, ku cara méré lolongkrang waktu pikeun siaran langsung di radio Sonata 94 FM, radio kapimilik pamaréntah Kota Bandung. Siaranana unggal poé Minggu ti pukul 12.00 nepi ka pukul 15.00. Biasana aya lima penyiar, bagilir.
Anely jeung Alliyah méré pangdeudeul keur kamajuan radio Bhinekas SMAN 18.
“Ayana radio Bhinékas di sakola téh seueur pisan mangpaatna. Komo pami nuju bété mah, janten kahibur, tiasa kirim salam ogé. Salian ti éta seueur informasina. Komo méméh diajar aya imtaqna, sapertos asmaul husna, siraman rohani Islam. Nasionalismeuna gé kahudang, unggal dinten diputer lagu Indonésia Raya. Mangsa santéy muter lagu nu kekinian, sareng koleksi laguna tambihan. Pokona mah makin maju sareng suksés,” cék Anely jeung Alliyah ti kelas XII-Mia-6. [MS]***