Majalah Sora|Wednesday, March 20, 2019
You are here: Home » Serba Serbi » Batu Ali Nu Kungsi Jadi Harepan Perekonomi Rayat

Batu Ali Nu Kungsi Jadi Harepan Perekonomi Rayat 

Sujatmiko sareng garwana terah  Garut Ai MulyatiSujatmiko sareng garwana

majalahsora.com, Kota Bandung – Batu ali, aya ogé nu nyebut “akik”, padahal akik/agate salah sahiji jenis batu ali, loba nu mikaresep. Ti mimiti manusa purba nepi ka raja-raja zaman Mesir kuna, Yunani, Eropah , Asia kaasup di Indonesia ampir sakabéhna maké batu permata (inten, ruby / mirah dalima, safir, jamrud)  pikeun masieup mahkuta, cingcin, kangkalung, geulang . Batu dipaké masieup lambang karajaan jeung wibawa raja, ratu, putra/putri mahkuta katut para ménak karajaan. Batu gé dipaké jimat tulak bala tina pangrogahala musuh, sato galak  jeung lelembut (jin/sétan/siluman) batu merah/mirah dalima jeung wulung sohor aya nu anti témbak jeung anti cukur  pada naréangan jeung dibandrol miliyaran. Aya ogé nu dipaké pikeun ngubaran nu gering jeung pélét asihan (kucung/amethyst , combong).Tapi jalma nu maké batu ali gé di urang baheula mah sok pada ngageuhgeuykeun kawas “dukun” atawa bandar pindang cenah gé.                                                                 

Tapi sababara taun ka tukang antara ahir taun 2013 nepi ka ahir taun 2015  batu ali kungsi undak ajénna, booming, ceuyah pada mikaresep ti mimiti budak satepak, nepi ka pajabat nagara, kaasup presidenna pisan maraké batu ali. Atuh teu hélok  teu di kampung teu di kota sa-nusantara loba nu parindah usaha kana batu ali, tukang béca, tukang manuk, tukang elas ka paréman-paréman pindah pileumpangan jadi tukang batu. Kompa cai butut dibalenerkeun deui diarah dinamona laju digurindaan keur ngagosok batu. Ungal juru, unggal péngkolan, sisi jalan nu daragang jeung nu ngagosok batu ngajajar, samalah di Pamijahan mah ngajual batu gé kuat ka diruntuy-runtuy kawas ngajual buah rambutan  jeung kabeneran di Indonesia mah beunghar ku jenis-jenis batu petingan. Sebut waé kalimaya(opal) banten atawa kucubung kalimantan geus lila kawéntar ka mancanagara atuh katompérnakeun batu bacan (Ternate, Maluku), kitu deui batu pancawarna jeung héjo Garut sumawonna batu kelir héjo daun ti daérah Solok Kidul nu disebut Sungai Kandi (méh sakarupa  jeung Sungai Dareh). Nu dipaké ku Obama hargana ratusan juta, ngabibita nu rék muka usaha. Tacan jenis batu ti daérah séjénna nu boga kaéndahan kelir jeung ciri mandirina séwang-séwangan.Batu-batu téh dipamérkeun, dilombakeun. Komunitas/pakumpulan penggemar batu tingpucunghul di mamana. Nu usaha kana batu kabéh direjekian.

Tapi nya kitu téa ku kersaning Nu Maha Kawasa, batu ali nu tadina bisa ngundakkeun perekonomian rayat leutik di urang  téh dina ahir taun 2015 langsung ngagejrét, pes wé pareum. Nu arusaha kana batu ali gé gulung tikar, pindah pileumpangan.                                                        

Sanajan kitu aya ogé nu teu galideur survive, tagen usaha kana batu ali. Contona waé  di  Pusat Promosi  Batu Mulia Indonesia Gem-Afia di Jalan Pajajaran 145 Bandung. Disorang ti wétan mah samémeh stopan nu rék ka Bandara Husein Sastranegara, sok sanajan dina kaayaan keur sepi di pasaran tapi bahan batu-batu ti sakuliah Indonesia jeung luar negeri terus diasah, dipolés, diréka-réka, diwatangan, aya nu jadi perhiasan mangrupa ali, geulang jeung kangkalung, aya ogé nu jadi souvenir, bros, trophy, bookmark, paper weight, golf trophies, plaque & gems painting, memento, jeung sajabana. Samalah kiwari mah  Gem-Afia muka stan di buruan. Modél-modél batuna aralus jeung marurah kadongkang ku sagala lapisan. 

Eksplorasi Batu ka pasisian geus  biasaEksplorasi Batu ka pasisian geus biasa

Batu rubby (Mirah Dalima) nu baheula hargana jutaan kiwari ukur Rp. 350 rébu pérak, blue safir Rp. 250 rébu perak geus maké watang éta téh kari maké, aya deui batu pandan ti batawi nu hargana jutaan kiwari dijual ti mimiti Rp. 70 rébu nepi ka Rp. 120- Rp. 200 rébu. Akik Yaman Rp. 50- Rp. 90 rébu, jasper Rp. 80 rébu, lapis lazuli Rp. 80 rébu, blood stone Rp. 80 rébu, kitu deui labradorit, chalcedon oncom, kucubung, pirus,  combong, jeung réa-réa deui dijual murah jeung bisa ditawar.

“Ieu téh taya lian hiji tarékah sangkan “perbatuan” undak deui pamorna, pada mikaresep deui. Margi pasar tos boseneun, kapok seueur produk palsu ti Cina, kapanan aya jenis Bbacin (bacan Cina-tiruan bacan), pantol (panta botol, batu kelir beureum sakarupa jeung limun Fanta), Aya deui batu-batu impor diangkenkeun batu lokal ti urang sapertos chrom calsedon héjo nu diicalna gé di pasisian Garut  padahal saatosna ditalungtik nu cenah mah bau héjo Garut nu pangajina di Bandung jutaan téh sabada ditalungtik di laboratorium  sihoréng ti Zimbabwe, beu mangkaning abdi gé ,mésér, katipu tah, ” kitu cék Juragan Gem-Afia Ir.H. Sujatmiko, Dipl. Ing, nyoréang alam ka tukang.

Nu kaduana nu ngajadikeun sepina perbatuan téh cék Pa Miko (kitu nénéhna) lantaran hargana ngajaul,  dimahalkeun teuing (overprice) nepi aya nu pangajina  miliyaran saperti batu gambar (batu gambar memper-memper lukisan Ratu Pantai Selatan karya Basuki Abdulah, hargana 5 M) atawa batu kaluaran anyar ti Meksiko barjad api (fire oval). Batu ti daérah Solok Kidul (Sumbar) gé  (méh sakarupa jeung Sungai Dareh) nu disebut batu (ti) Sungai Kandi kungsi dibeuli ku bupati di ditu laju dibikeun ka Gamawan Fauji, ka SBY, ahirna dibikeun ka Obama batu nu kelirna hejo daun kitu hargana Rp. 200 juta, kitu deui bacan ditawar Rp. 200 juta téh teu dibikeun.

Batu ali bisa dipake Ngaronjatkeun  perekonomian rayatBatu ali bisa dipaké Ngaronjatkeun perekonomian rahayat

“Mangga wé emut batu nu “satengah mulya” (batu mulya kayaning inten, ruby, safir) waé pangaosna dugi ka arawis kitu. Namung tambih kadieu mah jalmi téh saladar margi seueur batu palsu, panipuan malulu. Kapan aya nu mésér batu di salah sawios pasar batu di Bandung diparioskeun ka abdi, hasilna batu nu pangaosna 10 juta téh palsu kelirna dicelep. Tah saparantos dipasihan mémo ti dieu si batu téh diwangsulkeun deui ka nu ngicalna. Alhamdulillah artosna kapimilik deui,” kitu cék ahli batu terah Madura nu mémang narima jasa mariksa batu jeung sertifikat batu di galerina.

Tarékah séjénna pikeun ngaramékeun pasar batu ali, Miko gé gencar nulis buku jeung nulis artikel dina koran ngeunaan batu ali jeung publikasi di media sosial (Facebook), mun teu kitu ngayakeun kuliah ngeunaan “perbatuan” (gemologhi). Alhamdulilah cenah kamari gé aya 17 mahasiswa Geologi Unpad nu milu kuliah di galerina. Nya kaasup muka  7 stan batu ali di buruan galerina téa.

20171025_121813[1]Nu resep batu ali kudu ngajugjug ka Geleri Miko nu aya di Jalan Pajajaran Kota Bandung

Bagja kacida nalika Miko ninggal tukang ojég atawa tukang gali kuburan, tukang béca daratang ningalian batu ka stan galerina, Miko peupeujeuh ka karyawanna mun maranéhna nawar bikeun wé cenah sanajan dibandrol gé. Mémang aya menteri nu masih keneh datang meuli batu, tapi leuwih bagja ningali jalma-jalma basajan cenah ngajenan deui kana batu ali. Tah berkah kiwari cenah geus neut-neutan deui haneuteun galerina geus mimiti didatangan deui ku nu maraké mobil méwah kawas baheula geus biasa didatangan ku para jenderal, menteri, jeung pajabat luhur lianna.

“Malih kamari mah pa camat sareng lurah sumping ka dieu bari masihan pangharepan badé ngusulkeun galeri pribados badé dijantenkeun tujuan wisata. Pa Walikota gé kapungkur mah sering mesen kanggo suvenir kadieu, namung sabadana batu sepi mah teu acan kantos sumping deui,” kitu pokna cumalimba.

Pagawé Miko memang aya kana 30 urangna, ari rék dieureunkeun karunya geus digarawé lila jeung geus kawas kulawarga sorangan. Karyawanna pengkuh wé ngeureuyeuh sanajan sepi gé sabab dibarengan ku resep kana batu.

Dina tungtung wangkongan Miko nitip implik-implik ka Sora. Lamun ekonomi karayatan hayang undak deui solusina kudu naékeun deui pasar batu ali sabab kacida murahna,  malah pamaréntah teu kudu méré bantuan waragad. Lamun baheula ceuyahna batu ali salah sahijina pédah dipaké ku SBY jeung Obama kiwari gé pamaréntah kudu nyontoan maraké batu ali deui,  para pajabat jadi trigger pikeun masarakat. Kapan baheula mah aya Pemkot, Pemkab nu ngawajibkeun karyawanna maké batu ali, komo walikota Manado mah maké batu alina gé rimbil kuat ka 7 siki dipaké dihareupeun presiden, tapi tacan aya reaksina. Kitu saurna mungkas obrolan. [Asép GP]***